Pindah kana eusi

Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa

Tingali acara ibadah kuring. Téangan tempat ibadah Saksi Yéhuwa di daérah anjeun.

Téangan Lokasi Pangdeukeutna (dibuka di window anyar)

Siga Kumaha Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun pasamoan dua kali saminggu pikeun ibadah. (Ibrani 10:24, 25) Kabéh jalma bisa datang ka pasamoan ieu. Di ditu bakal dibahas ngeunaan naséhat Alkitab sarta cara ngalarapkeunana dina kahirupan.

Kalolobaan acarana siga diskusi di kelas, jadi hadirin bisa méré koméntar. Saha waé meunang méré koméntar. Acarana dimimitian jeung ditutup ku kawih jeung doa.

Sadérék teu kudu jadi Saksi Yéhuwa pikeun datang ka pasamoan ieu. Kabéh jalma dihaturanan datang. Acarana haratis sarta teu aya kolékte.