Pindah kana eusi

Istilah-Istilah nu Digunakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa

Istilah-Istilah nu Digunakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa

Hatur nuhun lantaran anjeun tos kersa ngadamel warta ngeunaan kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Panduan istilah ieu disadiakeun sangkan anjeun terang kana istilah-istilah nu digunakeun ku organisasi kaagamaan urang. Lamun anjeun boga pananya ngeunaan topik nu teu disebutkeun dina panduan ieu, mangga kontak ka kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa.

Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa. Sakelompok leutik kokolot nu ditugaskeun pikeun ngurus pangabutuh rohani Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Biasana sok disingkat jadi ”Badan Pingpinan”. Maranéhna aktif nyiapkeun publikasi-publikasi nu dumasar kana Alkitab. Sanajan Badan Pingpinan nu mingpin kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya, maranéhna nganggap Isa Al-Masih sabagé hiji-hijina Pamingpin ti Saksi-Saksi Yéhuwa. Kantor-kantor Badan Pingpinan téh ayana di Kantor Pusat Saksi-Saksi Yéhuwa di Warwick, New York, Amerika Serikat.

Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Tempat nu digunakeun ku hiji atawa sababaraha sidang jamaah pikeun ibadah. Biasana disebut ”Balé Karajaan”. Ulah ngagunakeun istilah ”garéja”.

Balé Kongrés Saksi-Saksi Yéhuwa. Tempat ibadah milik Saksi-Saksi Yéhuwa nu ukuranana gedé. Tempat ieu biasa digunakeun ku sababaraha sidang jamaah dina hiji wilayah pikeun acara nu leuwih gedé. Tempat ieu disebut ogé ”Balé Kongrés”.

Bétel, Anggota Bétel, Kulawarga Bétel. Dina basa Ibrani, ”Bétel” téh hartina ”Imah Allah”. Istilah ieu dipaké pikeun fasilitas-fasilitas nu digunakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa pikeun ngatur jeung ngadukung kagiatan rohani dina hiji nagri atawa wilayah. Para Saksi nu ngalalayanan di fasilitas-fasilitas ieu sabagé ordo Saksi-Saksi Yéhuwa téh disebut ”Anggota Bétel”. Maranéhna teu meunang bayaran pikeun palayananana. Sacara kelompok, maranéhna disebut ”Kulawarga Bétel” sabab maranéhna hirup, ibadah, jeung digawé babarengan di fasilitas éta sakumaha hiji kulawarga. Istilah ”Anggota Bétel” téh lain gelar kahormatan.

 dines lapangan. Palayanan nu dilakukeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Ieu sajalan jeung paréntah Yésus pikeun ngawawarkeun ”warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah” ka ”jalma-jalma ti sagala bangsa”.​—Matius 24:14; 28:19.

duduluran. Kumpulan Saksi-Saksi Yéhuwa nu aya di sakuliah dunya (boh lalaki boh awéwé).​—1 Pétrus 5:9.

Éling! Majalah nu dipedalkeun jeung disebarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Majalah ieu mimiti dipedalkeun dina taun 1919. Harita, judulna téh The Golden Age (Zaman Keemasan). Tuluy dina taun 1937, judulna dirobah jadi Consolation (Penghiburan). Ti saprak édisi 22 Agustus 1946, judul majalah ieu dirobah jadi Awake! (Éling!). Ngaran Éling! dipilih sangkan jalma-jalma nu maca sadar kana naon nu sabenerna keur kajadian di ieu dunya. Majalah ieu téh salah sahiji majalah nu paling loba disebarkeun di sakuliah dunya.

Giléad, Sakola Giléad. Singkatan ti Sekolah Alkitab Gilead Menara Pengawal. Sakola ieu dimimitian dina taun 1943, tujuanana pikeun ngalatih para utusan injil. Ayeuna, sakola Alkitab ieu diayakeun salila lima bulan. Ngan Saksi-Saksi Yéhuwa nu diondang anu bisa miluan. Lamun euweuh ngaran sakolana, kecap ”sakola” ditulisna maké hurup leutik.

Isa Al-Masih. Putra Allah hiji-hijina. (Yahya 3:16) Saksi-Saksi Yéhuwa nganggap Isa Al-Masih sabagé Pamingpin maranéhna. Maranéhna gé hayang nyonto tuladan Isa sarta ngalarapkeun pangajaranana. Keur Saksi-Saksi Yéhuwa mah, Isa téh jalma panghébatna nu pernah hirup. Anjeunna ogé Saksi nu pangpentingna pikeun Yéhuwa. Anjeunna téh hiji-hijina pribadi nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun umat manusa.​—Yésaya 9:6, 7; Wahyu 1:5.

kantor cabang. Pusat administrasi nu dipaké ku Panitia Cabang pikeun ngadukung jeung ngatur kagiatan rohani Saksi-Saksi Yéhuwa di hiji atawa sababaraha nagri. Tempat ieu sakapeung disebut ogé ”cabang”.

Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar. Ieu téh judul lengkep ti Kitab-Kitab Ibrani (”Perjangjian Heubeul”) sarta Kitab-Kitab Yunani (”Perjangjian Anyar”) nu ditarjamahkeun jeung dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Ieu bisa disebut ogé Tarjamahan Dunya Anyar.

kokolot. Saurang Saksi lalaki nu asak sacara rohani nu ditugaskeun pikeun ngajar sarta ngurus sakabéh jamaah di sidang. Saurang kokolot kudu terus minuhan sarat-sarat nu dicatet dina 1 Timotius 3:1-7; Titus 1:5-9; Yakobus 3:17, 18; jeung 1 Pétrus 5:2. Para kokolot teu meunang bayaran pikeun palayananana. Maranéhna gé lain karyawan sidang atawa karyawan ti organisasi Saksi-Saksi Yéhuwa. Kalolobaan kokolot digawé pikeun nganapkahan dirina jeung kulawargana sorangan. Kokolot téh lain pendéta atawa pamingpin agama. Maranéhna teu leuwih punjul tibatan anggota sidang séjénna. Istilah ieu lain gelar kahormatan.

kongrés. Tingali:  kongrés internasional,  kongrés régional, jeung  kongrés wilayah.

 kongrés internasional. Acara ibadah jeung pangajaran Alkitab salila tilu poé nu diayakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa sababaraha taun sakali. Acara ieu diayakeun di kota-kota nu béda di sakuliah dunya. Saksi-Saksi ti sakuliah dunya diondang pikeun datang ka acara ieu sabagé délegasi. Jalma-jalma nu lain Saksi gé meunang datang ka kongrés-kongrés ieu. Tujuan acara ieu téh pikeun nguatkeun iman sarta nguatkeun duduluran Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Kongrés-kongrés internasional biasana diayakeun di gedong séwaan, jeung diayakeunana ti poé Jumaah nepi ka Minggu. Acarana gratis jeung teu aya kolékte.

 kongrés régional. Acara taunan nu diayakeun ku sababaraha sidang dina hiji wilayah salila tilu poé. Acara ieu dirancang pikeun nguatkeun karohanian. Saha waé meunang datang ka acara ieu. Program-program dina acara ieu ngajurung kabéh jalma nu hadir pikeun meunangkeun mangpaat tina naséhat Alkitab. Aya pintonan-pintonan ngeunaan cara ngalarapkeun naséhat Alkitab dina kahirupan sapopoé. Acara ieu biasana diayakeun di gedong séwaan anu gedé siga aréna, stadion, jeung convention centers. Kongrés régional nu hadirinna teu pati loba bisa ogé diayakeun di Balé Kongrés Saksi-Saksi Yéhuwa nu pangdeukeutna. Biasana acara ieu diayakeun ti poé Jumaah nepi ka Minggu. Dina sababaraha taun ieu, rekaman acara kongrés régional bisa ogé ditongton sacara online. Sarua siga acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa séjénna, acara ieu gé gratis jeung teu aya kolékte.

 kongrés wilayah. Acara kongrés salila sapoé nu diayakeun ku sababaraha sidang jamaah Saksi-Saksi Yéhuwa. Acarana diayakeun sataun dua kali. Saha waé meunang datang ka acara ieu. Acara ieu dirancang pikeun ngabantu jalma-jalma leuwih kenal ka Allah. Program-program dina acara ieu ngajurung kabéh jalma nu hadir pikeun meunangkeun mangpaat tina naséhat Alkitab. Aya pintonan-pintonan ngeunaan cara ngalarapkeun naséhat Alkitab dina kahirupan sapopoé. Biasana acara ieu diayakeun di Balé Kongrés Saksi-Saksi Yéhuwa. Bisa ogé diayakeun di gedong séwaan atawa ditongton sacara online. Acara ieu biasana diayakeun dina ahir minggu. Acarana gratis jeung teu aya kolékte.

ngawawar. Tingali:  dines lapangan.

palayan sidang. Saurang Saksi lalaki nu asak sacara rohani nu ditugaskeun pikeun ngabantuan para kokolot dina ngurus sidang. Jalma nu ngalalayanan sabagé palayan sidang kudu minuhan sarat-sarat Alkitab dina 1 Timotius 3:8-10, 12, 13 jeung Titus 2:6-8. Para palayan sidang ngagawékeun hal-hal téknis anu ngadukung sidang. Saurang palayan sidang teu meunang bayaran pikeun palayananana. Maranéhna gé lain karyawan sidang atawa karyawan ti organisasi Saksi-Saksi Yéhuwa. Kalolobaan palayan sidang digawé pikeun nganapkahan dirina jeung kulawargana sorangan. Dina waktuna, sababaraha palayan sidang bisa waé minuhan sarat pikeun jadi kokolot. Istilah ieu téh lain gelar kahormatan.

panaratas. Ieu téh istilah keur saurang Saksi nu geus dibaptis nu ngupayakeun diri pikeun ngabaktikeun sajumlah jam unggal bulanna pikeun palayanan. Biasana istilah ieu ngamaksudkeun ”panaratas biasa”, nyaéta saurang jalma nu ngabaktikeun 600 jam unggal taunna (50 jam unggal bulanna). Sakapeung bisa ogé ngamaksudkeun ”panaratas ékstra”, nyaéta saurang jalma nu ngabaktikeun 15 atawa 30 jam dina sabulan atawa sababaraha bulan. Para panaratas teu meunang bayaran pikeun palayananana. Maranéhna gé lain karyawan sidang atawa karyawan ti organisasi Saksi-Saksi Yéhuwa. Kalolobaan panaratas digawé pikeun nganapkahan dirina sorangan. Istilah ieu téh lain gelar kahormatan.

pangawas wilayah. Saurang kokolot nu geus pangalaman nu ditugaskeun ku kantor cabang (bareng jeung istrina, lamun geus nikah) pikeun ngadatangan sidang-sidang dina hiji wilayah, biasana mah sataun dua kali. Manéhna datang pikeun nguatkeun anggota-anggota sidang. Salian ti éta, manéhna gé nguatkeun jeung méré pituduh ka para kokolot jeung para palayan sidang. Para pangawas wilayah nyiapkeun pituduh nu cocog pikeun tiap-tiap sidang. Istilah ieu lain gelar kahormatan.

Pangéling-ngéling Pupusna Isa Al-Masih. Acara taunan pikeun miéling pupusna Isa Al-Masih. Acara ieu gé bisa disebut Jamuan Wengi Jungjunan, Pangéling-ngéling, atawa Pangéling-ngéling Pupusna Nabi Isa. Keur Saksi-Saksi Yéhuwa mah, acara ieu téh acara nu pangpentingna dina unggal taunna sarta ngan hiji-hijina perayaan kaagamaan nu diparéntahkeun ku Al-Masih pikeun dirayakeun ku para muridna.​—Lukas 22:19, 20.

Panitia Cabang. Dina unggal kantor cabang, sahenteuna aya tilu kokolot nu dipilih pikeun jadi Panitia Cabang. Maranéhna ditugaskeun pikeun ngatur kagiatan di hiji atawa sababaraha nagri anu diawaskeun ku kantor cabang éta.

pasamoan ahir minggu. Acara ibadah mingguan nu biasana diayakeun dina ahir minggu. Dina acara ieu aya caramah dumasar Alkitab salila 30 menit nu dirancang pikeun kabéh jalma, lain ngan keur saksi hungkul. Sanggeusna, aya Palajaran Warta Hadé, nyaéta diskusi ngeunaan topik Alkitab salila sajam ngagunakeun artikel nu aya dina Warta Hadé édisi palajaran. Siga acara Saksi-Saksi Yéhuwa séjénna, acara ieu téh gratis jeung teu aya kolékte. Jalma-jalma bisa datang langsung atawa hadir sacara online.

pasamoan tengah minggu. Acara ibadah mingguan nu diayakeun dina tengah minggu, biasana mah peuting-peuting. Acara ieu dingaranan Kagiatan jeung Kahirupan Kristen. Acara ieu aya tilu bagian sarta dirancang pikeun ngabantu Saksi-Saksi supaya bisa jadi pawarta nu leuwih tarampil. Siga acara Saksi-Saksi Yéhuwa séjénna, acara ieu téh gratis jeung teu aya kolékte. Jalma-jalma bisa datang langsung atawa hadir sacara online.

pawarta. Saurang jalma nu miluan pangwawaran sarta geus ngagabung jeung salah sahiji sidang Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna kudu minuhan sarat, nyaéta kudu paham jeung percaya kana pangajaran dasar Alkitab sarta hirup sajalan jeung prinsip ti Allah. Para pawarta teu meunang bayaran pikeun palayananana. Maranéhna gé lain karyawan sidang atawa karyawan ti organisasi Saksi-Saksi Yéhuwa. Istilah ”pawarta” téh lain gelar kahormatan.

sadérék istri. Saurang awéwé nu geus dibaptis sabagé salah saurang Saksi-Saksi Yéhuwa. Lamun ngamaksudkeun sadérék istri sacara umum, ditulisna maké hurup leutik. Tapi lamun ditulis di hareupeun ngaran, ditulisna maké hurup gedé (contona, Sadérék Lilis). Istilah ieu téh lain gelar kahormatan. Aturan tulis ieu gé dipaké waktu nyebutkeun saurang Saksi nu lalaki (contona, Sadérék Asép).

sadérék pameget. Saurang lalaki nu geus dibaptis sabagé salah saurang Saksi-Saksi Yéhuwa. Lamun ngamaksudkeun sadérék lalaki sacara umum, ditulisna maké hurup leutik. Tapi lamun ditulis di hareupeun ngaran, ditulisna maké hurup gedé (contona, Sadérék Asép). Istilah ieu téh lain gelar kahormatan. Aturan tulis ieu gé dipaké waktu nyebutkeun saurang Saksi nu awéwé (contona, Sadérék Lilis).

 Saksi-Saksi Yéhuwa. Kelompok agama Kristen nu jamaahna ibadah ka Allah Yéhuwa sarta aktif dina rupa-rupa palayanan pikeun ngajak batur diajar Alkitab. Tujuan pangajaran Alkitab ieu téh pikeun ngabahas warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. (Matius 24:14) Ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa dipaké pikeun ngabédakeun maranéhna ti agama-agama séjén. Ngaran ieu gé nunjukkeun saha nu diwakilan ku maranéhna sarta palayanan maranéhna nu sukaréla dilakukeun pikeun nami Allah. Hiji jalma kakara bisa disebut Saksi lamun manéhna geus boga pamahaman Alkitab nu cukup, geus minuhan sarat pikeun ngawawar, geus ngagabung jeung salah sahiji sidang jamaah Saksi-Saksi Yéhuwa, sarta geus dibaptis sabagé lambang manéhna ngabakti ka Allah Yéhuwa. Waktu mimiti disebutkeun dina hiji artikel, istilah ”Saksi-Saksi Yéhuwa” kudu ditulis sacara lengkep, atawa bisa ogé ditulis ”Saksi-Saksi”. Lamun ngamaksudkeun hiji jalma, gunakeun istilah ”Saksi” atawa ”saurang Saksi-Saksi Yéhuwa”. Istilah ”Saksi Yéhuwa” hungkul, nu teu dimimitian ku kecap ”saurang” téh kurang cocog.​—Yésaya 43:10.

sidang. Sakelompok Saksi nu rutin ibadah babarengan. Badan kokolot boga tanggung jawab pikeun ngayakeun acara-acara rohani. Dina acara-acara éta, maranéhna nepikeun pituduh Alkitab sarta méré bingbingan rohani keur sidang jeung anggota-anggota sidang. Saha waé meunang datang ka acara-acara éta. Acarana gratis jeung teu aya kolékte.

utusan injil. Saurang Saksi nu geus dibaptis nu ditugaskeun ku Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa ka rupa-rupa daérah di sakuliah dunya. Para utusan injil réla ninggalkeun imahna, malah aya nu pindah ka nagri séjén pikeun nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah.—Matius 24:14

Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa. Ieu téh judul lengkepna majalah utama anu dipedalkeun jeung disebarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa. Disebut ogé Warta Hadé. Tujuan majalah ieu téh sangkan jalma-jalma terus merhatikeun kumaha rencana Allah laksana. (Matius 24:42) Warta Hadé édisi umum osok ditawarkeun ka jalma-jalma anu minat. Majalah ieu téh gratis. Warta Hadé édisi palajaran digunakeun dina acara diskusi mingguan di sidang-sidang di sakuliah dunya. Majalah Warta Hadé geus dipedalkeun ti saprak taun 1879. Majalah ieu téh salah sahiji majalah nu paling loba disebarkeun di sakuliah dunya.

wilayah. Sababaraha sidang jamaah Saksi-Saksi Yéhuwa nu aya dina hiji wilayah.

Yéhuwa. Ieu téh nami Allah nu mahakawasa sarta Nu Nyipta, siga nu disebutkeun dina Alkitab. (Jabur 83:18) ”Yéhuwa” téh lain kecap gaganti. Contona, kecap ”saurang Saksi-Saksi Yéhuwa” teu meunang diganti jadi ngan ”saurang Yéhuwa”.

CATETAN: Waktu nyieun laporan ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa, mangga gunakeun istilah lengkepna waktu mimiti disebutkeun. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tingali:  Saksi-Saksi Yéhuwa.