Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Carana Supaya Teu Keuheul kana Sipat Batur Hirup

Carana Supaya Teu Keuheul kana Sipat Batur Hirup
  •   Anjeun mah mun ngalakukeun sagala hal téh leuwih resep dadakan, tapi ari pasangan anjeun mah leuwih resep lamun direncanakeun heula.

  •   Anjeun mah jalmana kalem, tapi ari pasangan anjeun mah maceuh jeung resep gaul.

 Na sipat pasangan anjeun téh pikakeuheuleun? Mun anjeun terus ngunek-ngunek, perkawinan anjeun bisa ruksak. Alkitab gé nyebutkeun, ”Ngunek-ngunek bae kana kasalahanana mah keur nyobat ge bisa pegat.”​—Siloka 17:9.

 Sipat nu pikakeuheuleun téh bisa nyieun masalah dina perkawinan anjeun, jadi ulah diantep. Meureun anjeun bisa néangan hal alus tina sipatna éta.

Dina artikel ieu urang bakal ngabahas

 Carana boga pandangan nu leuwih positif kana sipat nu pikakeuheuleun

 Sipat nu pikakeuheuleun ti pasangan anjeun téh meureun aya hubunganana jeung sipat nu dipikaresep ku anjeun. Coba pikirkeun tilu conto ieu:

 ”Salaki abdi mah sok lila mun ngagawékeun hiji hal atawa mun rék indit ka luar. Tapi sipat éta nu nyieun manéhna jadi leuwih sabar ka batur, kaasup ka abdi ogé. Sakapeung mah abdi sok keuheul, tapi sipat éta ogé nu nyieun abdi bogoh ka manéhna.”​—Chelsea.

 ”Pamajikan abdi téh osok nyieun rencana heula malah mah nepi ka hal-hal nu leutik. Manéhna hayang kabéhanana téh kudu sajalan jeung rencanana. Sakapeung abdi sok keuheul kana sipatna éta. Tapi justru ku sipatna éta, mun aya nanaon téh manéhna pasti geus siap.”​—Christopher.

 ”Abdi keuheul lantaran salaki abdi mah sok lempeng wé teu paduli pisan. Tapi justru sipat kalem manéhna nu matak abdi bogoh téh. Abdi resep pisan lantaran manéhna bisa tetep tenang sanajan kaayaanana keur riweuh.”​—Danielle.

 Siga nu diomongkeun ku Chelsea, Christopher, jeung Danielle, kaleuwihan jeung kakurangan batur hirup anjeun téh sok teu bisa dipisahkeun, lantaran éta téh asalna ti hiji sipat nu sarua. Siga koin, anjeun teu bisa miceun salah sahiji sisina hungkul. Anjeun gé teu bisa ngan miceun kakurangan ti batur hirup anjeun, ku lantaran kaleuwihanana gé bakal kapiceun.

 Mémang, aya sababaraha sipat nu euweuh alus-alusna acan. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén aya sababaraha jalma nu ”barangasan”. (Siloka 29:22) Lamun kitu, jalma éta kudu sabisa-bisa miceun ”sagala kakeuheul, kaambek, amarah, sentak sengor, hinaan”. aÉfésus 4:31.

 Mun anjeun ningali aya sipat nu pikakeuheuleun, pék tuturkeun naséhat Alkitab ieu: ”Aranjeun kudu terus silih sabaran . . . sanajan aya nu pikakeuheuleun.”​—Kolose 3:13.

 Terus téangan hal alus ti batur hirup anjeun. Bisa jadi aya hal alus nu baheula nyieun anjeun bogoh ka manéhna. Ceuk saurang salaki nu ngaranna Joseph, ”Mun urang terus mikirkeun sipat nu pikakeuheuleun ti batur hirup urang, éta téh siga aya permata nu éndah tapi nu ditingali téh ngan sisi-sisi nu seukeutna hungkul.”

 Nu bisa dibahas

 Mimitina, anjeun masing-masing bisa mikirkeun pananya-pananya ieu. Tuluy sanggeusna bahas babarengan.

  •   Na batur hirup anjeun boga sipat nu bisa ngaruksak perkawinan? Lamun aya, sipat naon éta téh?

  •   Na sipatna téh bener-bener goréng atawa ngan pikakeuheuleun hungkul?

  •   Na aya hal alus tina sipatna éta? Lamun aya, sipat naon éta téh, jeung ku naon anjeun ngahargaan sipat éta?