Pindah kana eusi

Naha Allah téh Ngan Saukur Kakuatan nu Teu Katingali?

Naha Allah téh Ngan Saukur Kakuatan nu Teu Katingali?

Jawaban Alkitab

 Kakuatan Allah katingali jelas di jagad raya. Misalna, aya miliaran béntang nu diciptakeun ku Allah. Ceuk Alkitab, ”Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang? Ku Mantenna bentang-bentang teh dipingpin kawas hiji pasukan. Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran. Mantenna maha kawasa—eta bentang-bentang can aya anu leungit.”—Yesaya 40:25, 26.

 Naha Allah téh ngan saukur kakuatan nu teu katingali? Henteu. Alkitab ngajelaskeun yén Allah boga parasaan, misalna Allah bisa ngarasa ijid jeung bisa mikaasih. (Jabur 11:5; Yohanes 3:16) Ku kituna, kalakuan manusa téh bisa mangaruhan parasaan Allah.—Jabur 78:40, 41.