Pindah kana eusi

Naha Enya Bumi Bakal Diancurkeun?

Naha Enya Bumi Bakal Diancurkeun?

Jawaban Alkitab

 Henteu. Planét Bumi moal diancurkeun, diganti, atawa dibasmi ku seuneu. Alkitab ngajarkeun yén Allah téh nyiptakeun bumi pikeun dicicingan salilana.

  •   ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka [”bumi”, NW], tur matuhna di dinya moal incah balilahan.”—Jabur 37:29.

  •   ”[Allah] ngadegkeun bumi, nangtungna kukuh dina pademenna, moal inggeung-inggeung.”—Jabur 104:5.

  •   ”Jagat mah tetep-tumetep.”—Pandita 1:4.

  •   ”Mantenna ngadegkeun bumi, diwangunna weweg tur langgeng. Dijadikeunana lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa.”—Yesaya 45:18.

Naha manusa bakal ngancurkeun bumi?

 Allah moal ngantep manusa ngaruksak bumi nepi ka ancur, misalna ku polusi, perang, atawa nu séjénna. Malah, Mantenna bakal ”ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi”. (Wahyu 11:18) Kumaha carana?

 Allah bakal ngaganti sakabéh pamaréntahan manusa ku hiji Karajaan nu panghadéna di sawarga, sabab teu aya pamaréntahan manusa nu bisa ngarawat bumi. (Daniel 2:44; Mateus 6:9, 10) Karajaan éta bakal diparéntah ku Putra-Na, Yésus Kristus. (Yesaya 9:6, 7) Basa di bumi, Yésus boga kawasa pikeun ngadalikeun alam. (Markus 4:35-41) Sabagé Raja ti Karajaan Allah, Yésus boga kawasa pikeun ngadalikeun sakuliah bumi jeung unsur-unsurna. Anjeunna bakal mulihkeun kaayaan bumi jadi saperti kaayaan di Taman Éden baheula.—Mateus 19:28; Lukas 23:43.

Naha Alkitab ngajarkeun yén bumi bakal dibasmi ku seuneu?

 Moal. Loba jalma salah paham kana kekecapan di 2 Petrus 3:7 nu eusina, ”Langit jeung bumi anu ayeuna . . . bakal dibasmi ku seuneu.” Perhatikeun dua hal penting nu bisa ngabantu urang ngarti kana ayat ieu:

  1.   Dina Alkitab, istilah ”langit”, ”bumi”, jeung ”seuneu” bisa ngamaksudkeun sababaraha hal. Contona dina Terjemahan Dunia Baru, Kajadian 11:1 nyebutkeun yén ”bumi” bakal ngagunakeun hiji basa. Di dieu nu dimaksud ”bumi” téh nyaéta sakabéh umat manusa.

  2.   Urang bisa ngarti naon hartina langit, bumi, jeung seuneu di 2 Petrus 3:7 lamun maca ayat-ayat saacanna. Ayat 5 jeung 6 nyaritakeun hal nu aya patalina jeung Caah Gedé dina jaman Nuh. Harita, dunya atawa ”bumi” téh dibasmi. Tapi nu dimusnakeun téh jalma-jalmana nu jarahat, lainna planét Bumi. (Kajadian 6:11, NW) Salian ti éta, ”langit” ogé dibasmi ku Caah Gedé. Nu dimaksud ”langit” téh nyaéta jalma-jalma nu maréntah bumi. Jadi nu dimusnakeun téh lainna planét Bumi, tapi sakabéh jalma nu jarahat. Sanggeus Caah Gedé, bumi tetep dicicingan ku Nuh jeung kulawargana nu salamet.—Kajadian 8:15-18.

 Siga cai dina Caah Gedé, ”seuneu” nu disebutkeun di 2 Petrus 3:7 ogé bakal ngamusnakeun jalma-jalma nu jarahat, lainna planét Bumi. Allah jangji bakal aya ”langit anyar jeung bumi anyar” nu dicicingan ku jalma-jalma nu taat ka Allah. (2 Petrus 3:13) ”Bumi anyar” atawa jalma-jalma bakal dipingpin ku ”langit anyar” atawa pamaréntahan nu anyar, nyaéta Karajaan Allah. Pas Karajaan Allah maréntah, bumi bakal dirobah jadi pirdaus nu tengtrem.—Wahyu 21:1-4.