Pindah kana eusi

Naha Allah nu Nyababkeun Urang Sangsara?

Naha Allah nu Nyababkeun Urang Sangsara?

Jawaban Alkitab

 Jawaban Alkitab téh jelas pisan: Henteu! Allah Yéhuwa embung manusa sangsara. Tapi, pasangan manusa nu mimiti téh barontak ka Allah, maranéhna hayang nangtukeun sorangan mana nu hadé jeung nu goréng. Maranéhna ngajauh ti Allah, tuluy ngarasakeun balukarna.

 Ayeuna, urang ngarasakeun ogé balukar tina pilihan maranéhna nu salah. Tapi, lain Allah nu nyababkeun urang sangsara.

 Alkitab nyebutkeun, ”Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ’Ieu cocoba teh ti Allah.’ Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.” (Yakobus 1:13) Kasangsaraan bisa kaalaman ku saha waé, kaasup ku jalma nu kamanah ku Allah.