Pindah kana eusi

Saha ”Tilu Jalma Bijaksana” nu Ngalongok Yésus téh? Naha Enya Allah nu Nungtun Maranéhna Maké ”Béntang” ka Bétléhém?

Saha ”Tilu Jalma Bijaksana” nu Ngalongok Yésus téh? Naha Enya Allah nu Nungtun Maranéhna Maké ”Béntang” ka Bétléhém?

Jawaban Alkitab

 Waktu Natal, jalma-jalma sok nyaritakeun ngeunaan ”tilu jalma bijaksana” atawa ”tilu raja” nu ngalongok Yésus basa anjeunna karék lahir. Tapi, dina Alkitab mah maranéhna teu disebutkeun siga kitu. (Mateus 2:1) Malah Mateus nu nulis Injil nyebutkeun maranéhna maké kecap Yunani magoi. Katingalina kecap magoi téh ngamaksudkeun para tukang ramal béntang jeung élmu gaib. a Sababaraha tarjamahan Alkitab nyebut maranéhna ”ahli nujum” atawa urang ”majus”. b

 Aya sabaraha tukang ramal béntang nu ngalongok téh?

 Alkitab teu nyebutkeun sabaraha jumlahna. Tapi dina carita-carita nu aya, jumlah nu disebutkeun téh béda-béda. Ceuk Encyclopedia Britannica, ”Carita-carita ti urang Wétan nyebutkeun jumlahna aya 12 urang majus, tapi dina carita-carita urang Kulon mah jumlahna ngan aya tilu, meureun diitungna tina tilu rupa hadiah nyaéta ’emas, dupa jeung emur’ (Mateus 2:11) nu dibikeun ka éta budak.”

 Maranéhna téh raja lain?

 Dina carita Natal maranéhna sok disebut raja, tapi Alkitab teu pernah nyebutkeun yén maranéhna téh raja. Numutkeun Encyclopedia Britannica, rincian éta kakara aya sababaraha abad sanggeus Yésus lahir lantaran carita ngeunaan lahirna Yésus téh ”geus loba diréka-réka”.

 Saha ngaran para tukang ramal béntang ieu?

 Alkitab teu nyebutkeun saha ngaran tukang ramal béntang ieu. Tapi ceuk The International Standard Bible Encyclopedia, ”maranéhna dibéré ngaran (misalna Gaspar, Mélkhior, jeung Balthasar) dumasar kana carita-carita rahayat.”

 Iraha para tukang ramal béntang ieu ngalongok Yésus?

 Bisa jadi, para tukang ramal béntang ieu ngalongokna sababaraha bulan sanggeus Yésus lahir. Urang bisa nyimpulkeun kitu sabab Raja Hérodés maréntahkeun supaya kabéh budak lalaki nu umurna dua taun ka handap dipaéhan. Éta paréntah dikaluarkeun sabab Raja Hérodés hayang maéhan Yésus. Manéhna bisa ngitung umur dua taun ka handap téh lantaran nuturkeun katerangan ti para tukang ramal béntang éta.—Mateus 2:16.

 Para tukang ramal béntang teu ngadatangan Yésus dina peuting anjeunna lahir. Ceuk Alkitab, ”Aranjeunna lalebet ka hiji pondok. Eta murangkalih jeung Mariam ibu-Na kapanggih.” (Mateus 2:11) Ieu némbongkeun yén harita téh kulawarga Yésus geus tinggal di imah. Yésus gé geus lain orok nu aya di pamakanan deui.—Lukas 2:16.

 Naha enya Allah nu nungtun maranéhna maké ”béntang” ka Bétléhém?

 Aya nu percaya Allah ngagunakeun ”béntang Bétléhém” pikeun nungtun para tukang ramal béntang éta ka Yésus. Ieu teu mungkin, pikirkeun alesanana.

  •   Ku tanda nu jiga béntang éta, para tukang ramal béntang mimitina ditungtun ka Yérusalém lain ka Bétléhém. Ceuk Alkitab, ”Aya tukang ngulik bentang ti wetan sarumping ka Yerusalem, mariksakeun kieu, ’Ari murangkalih pirajaeun urang Yahudi anu anyar medal di mana tempatna? Bentang-Na parantos bijil di wetan. Sim kuring sadaya seja ngabakti ka Anjeunna.’”—Mateus 2:1, 2.

  •   Nu mimiti nitah tukang ramal béntang ka Bétléhém téh nyaéta Raja Hérodés, lainna dibingbing ku éta ”béntang”. Raja Hérodés ngadéngé bakal aya ”pirajaeun urang Yahudi”. Lantaran ngarasa aya saingan, manéhna néangan di mana Kristus nu dijangjikeun ieu bakal dilahirkeun. (Mateus 2:3-6) Basa manéhna apal yén tempatna téh di Bétléhém, manéhna nitah para tukang ramal éta indit pikeun néangan éta budak, tuluy balik deui ngalapor ka manéhna.

     Sanggeus dititah, kakara para tukang ramal béntang ieu indit ka Bétléhém. Alkitab nyebutkeun, ”Bral tatamu arangkat. Di tengah jalan bentang anu tembong di wetan teh tembong deui. Aranjeunna kacida aratoheunana. Bentang teh maju miheulaan, reg ngarandeg lebah tempat murangkalih tea.”—Mateus 2:9, 10.

  •   Munculna éta “béntang” kalah ka nyababkeun kajadian nu bisa nyilakakeun Yésus jeung loba budak leutik nu teu nyaho nanaon dipaéhan. Waktu para tukang ramal béntang ninggalkeun Bétléhém, Allah ngalarang maranéhna balik deui ka Hérodés.—Mateus 2:12.

 Kumaha réaksi Hérodés? Ceuk Alkitab, ”Herodes ngaraos dibobodo ku tatamu urang wetan, pohara benduna. Seug bae nimbalan numpes sakabeh barudak leutik di Betlehem jeung sakurilingeunana, anu umurna ti dua taun ka handap, diitung ti semet mimiti tembongna bentang nurutkeun katerangan ti tatamu ka anjeunna tea.” (Mateus 2:16) Allah mah moal mungkin nyababkeun hal kejem siga kitu.—Ayub 34:10.

a Herodotus, saurang ahli sajarah ti Yunani nu hirup dina abad kalima SM, nyebutkeun yén dina jamanna kecap magoi téh sebutan keur urang Média (Pérsia) nu ahli ngaramal liwat béntang jeung napsirkeun impian.

b Tingali Alkitab Béja Hadé jeung Alkitab Terjemahan Baru (terbitan Lembaga Alkitab Indonesia).