Pindah kana eusi

Kumaha Yésus Nyalametkeun Urang?

Kumaha Yésus Nyalametkeun Urang?

Jawaban Alkitab

 Yésus nyalametkeun jalma-jalma nu boga iman ku cara ngorbankeun nyawana sabagé tebusan. (Mateus 20:28) Ku kituna, Alkitab nyebut Yésus sabagé ”Jurusalamet saalam dunya”. (1 Yohanes 4:14) Alkitab ogé ngajelaskeun, ”Mung Anjeunna bae anu tiasa nyalametkeun manusa teh. Di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Yesus Kristus.”​—Rasul 4:12.

 Yésus ”geus nemahan pupus” demi jalma-jalma nu némbongkeun iman ka anjeunna. (Ibrani 2:9; Yohanes 3:16) Sanggeusna, Yésus ”ku Allah geus ditanghikeun ti nu maraot” sarta balik deui ka sawarga sabagé mahluk roh. (Rasul 3:15) Di ditu, Yésus bisa ”nyalametkeun manusa anu datang ka Allah liwat Anjeunna, sabab Anjeunna, anu jumeneng salalanggengna bakal mangmundutkeun kasalametan manusa ka Allah”.​—Ibrani 7:25.

Ku naon urang butuh Yésus pikeun nyuhunkeun kasalametan keur urang?

 Urang kabéh jalma dosa. (Rum 3:23) Dosa jadi panghalang antara urang jeung Allah, sarta nungtun kana maot. (Rum 6:23) Tapi, Yésus ’ngabela’ jalma-jalma nu némbongkeun iman kana korban tebusan anjeunna. (1 Yohanes 2:1) Ku lantaran korban tebusan, Yésus bisa nyuhunkeun ka Allah pikeun ngadéngékeun doa maranéhna jeung ngahampura dosa maranéhna. (Mateus 1:21; Rum 8:34) Paménta Yésus dikabulkeun sabab luyu jeung kahayang Allah. Ti mimiti, Allah ngutus Yésus ka bumi ”pikeun nyalametkeun” dunya.​—Yohanes 3:17.

Naha saukur percaya ka Yésus bisa nyalametkeun urang?

 Henteu. Sanajan urang kudu percaya ka Yésus, tapi aya deui hal séjén nu kudu dilakukeun. (Rasul 16:30, 31) Alkitab ngajelaskeun, ”Sakumaha raga tanpa nyawa mah paeh, iman henteu jeung lampah teh paeh.” (Yakobus 2:26) Jadi sangkan disalametkeun, urang kudu:

  •   Diajar ngeunaan Yésus jeung Bapana, Yéhuwa.​—Yohanes 17:3.

  •   Ngawangun iman ka Aranjeunna.​—Yohanes 12:44; 14:1.

  •   Némbongkeun iman ku cara taat kana paréntah Aranjeunna. (Lukas 6:46; 1 Yohanes 2:17) Yésus ngajarkeun yén nu bakal disalametkeun téh lainna kabéh nu manggil anjeunna ”Gusti”, tapi ngan nu ”ngalampahkeun pangersa Ama” nu di sawarga.​—Mateus 7:21.

  •   Terus némbongkeun iman sanajan hésé. Yésus nandeskeun hal ieu waktu ngomong, ”Sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.”​—Mateus 24:13.