Pindah kana eusi

NAHA IEU DIRANCANG?

Kamampuh Kalong pikeun Nangtukeun Posisi Benda

Kamampuh Kalong pikeun Nangtukeun Posisi Benda

 Kalong téh boga panon pikeun ningali. Tapi supaya bisa apal kaayaan di sakurilingeunana waktu keur peuting, kalolobaan jinis kalong ngagunakeun kamampuhna nu disebut ekolokasi. Kalong bakal disada, tuluy sorana mantul kana benda nu aya di sakurilingeunana, ku kituna kalong bisa apal benda naon éta téh jeung di mana posisina. Misalna, sababaraha kalong bisa ngabédakeun reungit jeung kumbang tina sakumaha gancang kiplikan jangjangna.

 Pikirkeun: Kalolobaan kalong bakal ngaluarkeun gelombang sora tina sungut atawa irungna. Sora ieu téh asalna tina tikorona. Waktu sorana mantul kana hiji benda, ceulina nu badag bakal ngadéngé pantulan sorana. Sora pantulan ieu bakal ngabantu kalong ngabayangkeun kumaha kaayaan di sakurilingeunana. Kalong bisa nyaho posisi, jangkung, jeung jarak benda éta, sanajan kalong-kalong séjén keur disada ogé.

 Ku kamampuh ieu kalong jadi bisa néwak mangsana. Kalong téh bisa nangtukeun jarak benda sacara akurat ngan ku mantulkeun sora. Tapi sababaraha ahli nganggap, teu mungkin kalong bisa ngalakukeun hal nu luar biasa ieu. Padahal mah hasil risét geus nyebutkeun, néwak mangsa ku cara nangtukeun jarakna téh teu hésé keur kalong.

 Para ahli nyonto kamampuh kalong ieu waktu nyieun iteuk éléktronik keur jalma lolong nu disebut Batcane. Iteuk ieu ngabantu jalma nu lolong ngabayangkeun kaayaan di sakurilingeunana, kaasup benda-benda nu aya di luhureun sirahna, jiga cabang tangkal. Brian Hoyle jeung Dean Waters nu ngarancang iteuk ieu nyebutkeun, ”Basa ngarancang iteuk ieu, urang loba diajar tina kamampuh ekolokasi kalong nu luar biasa.”

 Kumaha ceuk anjeun? Naha kamampuh kalong pikeun nangtukeun jarak tina pantulan sora téh hasil évolusi? Atawa ieu dirancang?