1 Korintus 13:1-13

  • Kanyaah, jalan nu jauh leuwih hadé (1-13)

13  Lamun kuring ngomong maké basa manusa jeung basa malaikat, tapi teu boga kanyaah, kuring teu béda ti sora goong atawa simbal nu gandéng.  Lamun kuring boga kurnia pikeun ngaramal,* ngarti kana sagala rasiah suci jeung sagala pangaweruh, sarta boga iman nu kuat nepi ka bisa mindahkeun gunung, tapi teu boga kanyaah, kuring teu aya gunana.  Lamun sakabéh pangaboga kuring dipaké keur méré dahar batur, atawa lamun kuring ngorbankeun diri supaya bisa agul, tapi teu boga kanyaah, kuring teu meunang mangpaat naon-naon.  Jalma nu boga kanyaah téh sabar jeung bageur. Manéhna teu sirikan, teu ngagulkeun diri, teu gedé hulu,  teu kurang ajar,* teu mentingkeun diri, jeung teu gancang ambek. Manéhna teu ngunek-ngunek* kasalahan batur.  Manéhna teu resep kana hal-hal nu teu bener, resepna téh kana hal-hal nu bener.  Manéhna sabar nyanghareupan sagalana, percaya kana sagala hal, terus boga harepan, jeung tabah dina sagala kaayaan.  Kanyaah moal aya ahirna.* Sabalikna, kurnia pikeun ngaramal, bisa ngomong basa-basa séjén, jeung boga pangaweruh bakal aya ahirna,  sabab pangaweruh urang teu lengkep jeung ramalan urang gé teu lengkep. 10  Tapi waktu nu lengkep geus aya, naon nu teu lengkep éta bakal leungit. 11  Basa kuring budak kénéh, kuring ngomong siga budak leutik, mikir siga budak leutik, jeung nyieun kasimpulan siga budak leutik. Tapi waktu kuring geus déwasa, kuring geus teu siga budak leutik deui. 12  Ayeuna naon nu ditingali ku urang téh samar-samar kawas ningali kana eunteung logam, tapi engké urang bakal ningali jelas kawas pahareup-hareup. Ayeuna, kanyaho kuring ngeunaan Allah can lengkep, tapi engké kuring bakal nyaho pisan* ka Anjeunna, sakumaha Anjeunna gé nyaho pisan ka kuring. 13  Sanajan kitu, aya tilu hal nu tetep aya: iman, harepan, jeung kanyaah. Tapi, nu pangunggulna nyaéta kanyaah.

Catetan Tambihan

Ieu teu ngan saukur méré nyaho naon nu bakal kajadian, tapi ogé nyingkabkeun jeung nguarkeun naon kahayang Allah.
Atawa ”kasar”.
Atawa ”ngitung-ngitung”.
Atawa ”moal gagal”.
Atawa ”sapinuhna”.