Nu Ditulis ku Matius 22:1-46

  • Ibarat ngeunaan hajat kawinan (1-14)

  • Allah jeung Kaisar (15-22)

  • Pananya ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui (23-33)

  • Dua paréntah nu pangutamana (34-40)

  • Al-Masih téh putrana Daud kitu? (41-46)

22  Isa nyaritakeun ibarat-ibarat deui ka maranéhna,  ”Pamaréntahan sorga téh saupama raja nu ngayakeun hajat keur ngawinkeun anak lalakina.  Manéhna nitah palayan-palayanna nyusulan para tamu ondangan, tapi tamu-tamu éta arembungeun datang.  Geus kitu, manéhna nitah deui palayan-palayan séjén, ’Béjakeun ka para ondangan, ”Urang geus nyiapkeun dahareun. Sapi jeung pipiaraan nu pangalusna geus dipareuncitan, pokona kabéh geus siap. Sok daratang ka hajat kawinan.”’  Tapi, nu diarondang pada teu paduli. Aya nu ngaléos ka kebon, aya nu ngurus usahana,  nu séjénna naréwakan palayan-palayan éta, tuluy nareunggeulan jeung maéhan maranéhna.  ”Raja kacida ambekna tuluy ngirim pasukanna. Jalma nu maraéhan palayan-palayanna diparaéhan jeung kotana diduruk.  Tuluy, raja ngomong ka palayan-palayanna, ’Hajat kawinan geus siap, tapi nu diarondangna teu layak datang ka dieu.  Jadi, jung indit ka jalan-jalan gedé, ondang saha waé nu kapanggih sina daratang ka hajat kawinan.’ 10  Para palayan indit ka jalan jeung ngumpulkeun kabéh jalma nu kapanggih, boh nu jahat boh nu bageur. Tempat hajat kawinan jadi pinuh ku tamu. 11  ”Basa raja ningalian para tamu, aya saurang jalma nu teu maké baju pésta. 12  Jadi manéhna ditanya ku raja, ’Lur, ku naon manéh teu maké baju pésta?’ Jalma éta teu bisa ngajawab. 13  Tuluy raja ngomong ka palayan-palayanna, ’Talian leungeun jeung sukuna, alungkeun ka luar ka nu poék. Di dinya manéhna bakal ceurik bari jeung huntuna tingkereket.’ 14  ”Sabab loba nu diondang, tapi ngan saeutik nu dipilih.” 15  Urang Farisi indit tuluy nyieun siasat supaya Isa kajebak ku omonganana sorangan. 16  Jadi maranéhna ngutus murid-muridna bareng jeung para anggota partéy Hérodés, dititah ngomong kieu, ”Guru, Guru téh pan jalma jujur, ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah, Guru gé tara kapangaruhan ku omongan batur, jeung tara mandang jalma ti luarna hungkul. 17  Cik, ceuk Guru kumaha? Meunang teu urang mayar pajeg* ka Kaisar?” 18  Ku sabab nyaho niat jahat maranéhna, Isa ngomong kieu, ”Ku naon maranéh bet ngadoja urang, éh jalma munapék? 19  Coba ka dieukeun duit nu sok dipaké keur mayar pajeg.” Maranéhna ngasongkeun duit dinar.* 20  Ceuk Isa, ”Gambar jeung ngaran saha ieu?” 21  Jawabna, ”Kaisar.” Tuluy Isa ngomong ka maranéhna, ”Bayar ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar, tapi bayar ka Allah naon nu jadi hakna Allah.” 22  Ngadéngé kitu, maranéhna tajub tuluy arindit. 23  Poé éta kénéh datang urang Saduki nu teu percaya jalma nu maot bisa dihirupkeun deui. Maranéhna nanya, 24  ”Guru, ceuk Musa, ’Lamun aya lalaki nu maot tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana.’ 25  Tah, aya tujuh adi lanceuk. Nu panggedéna kawin tuluy maot, jeung teu boga budak. Jadi, pamajikanana dikawin ku adina. 26  Tapi nu kadua gé maot, awéwéna dikawin ku nu katilu, kitu baé saterusna nepi ka maraot tujuhanana. 27  Tungtungna, awéwé éta maot. 28  Jadi waktu dihirupkeun deui, ti antara tujuhan téh, awéwé éta jadi pamajikan saha? Sabab kabéhanana pernah kawin jeung awéwé éta.” 29  Isa ngajawab maranéhna, ”Maranéh mah salah, sabab teu paham kana Kitab Suci jeung kana kawasa Allah. 30  Waktu nu maot dihirupkeun deui, euweuh lalaki nu kawin atawa awéwé nu dikawinkeun, tapi maranéhna siga malaikat di sorga. 31  Perkara dihirupkeunana nu maot, maranéh pernah maca teu Allah pernah ngomong kieu, 32  ’Kuring téh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub’? Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh.” 33  Ngadéngé kitu, jalma-jalma tarajub kana pangajaranana. 34  Barang urang Farisi ngadéngé urang Saduki teu bisa ngabantah Isa deui, maranéhna babarengan ngadatangan Isa. 35  Salah sahiji ti maranéhna, saurang guru Torét, nguji kieu ka manéhna, 36  ”Guru, paréntah mana nu pangutamana dina Torét?” 37  Manéhna ngajawab, ”’Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* jeung sakabéh pikiran.’ 38  Ieu téh paréntah nu pangutamana jeung nu pangpentingna. 39  Nu kadua, nu sarupa kitu, ’Maranéh kudu nyaah ka sasama siga ka diri sorangan.’ 40  Dua paréntah ieu jadi dasar sakabéh eusi Torét jeung Kitab Para Nabi.” 41  Waktu urang Farisi keur ngariung, Isa nanya ka maranéhna, 42  ”Kumaha ceuk maranéh? Ari Al-Masih putrana saha?” Maranéhna ngajawab, ”Daud.” 43  Isa nanya deui, ”Mun kitu, ku naon Daud nu dibingbing kawasa suci nyebut manéhna Juragan waktu ngomong, 44  ’Ceuk Yéhuwa ka Juragan abdi, ”Diuk di katuhueun Kuring nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh di handapeun suku manéh”’? 45  Tah, lamun Daud nyebut manéhna Juragan, mana bisa Al-Masih téh putrana?” 46  Euweuh saurang-urang acan nu bisa ngajawab. Ti saprak harita, euweuh nu wani tatanya deui ka manéhna.

Catetan Tambihan

Ieu téh pajeg nu kudu dibayar ku unggal jalma.
Atawa ”kahirupan; jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.