Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 5

Ngajénan Sipat-Sipat Allah nu Unggul

Ngajénan Sipat-Sipat Allah nu Unggul

KITAB SUCI ngébréhkeun sipat-sipat Allah nu kacida hadéna sangkan urang tiasa kenal ka Mantenna. Contona, Kitab Suci masihan terang ka urang ngeunaan opat sipat Allah nu utama nyaéta kawasa, adil, hikmah, sarta asih. Mangga urang pedar sipat-sipat ieu.

Kawasa-Na Taya Watesna

Kawasa Allah pohara hébatna

Allah nyarios ka Ibrahim, ”Ieu Kami, Allah Nu Maha Kawasa.” (Kajadian 17:1) Kawasa Allah taya tandingna, taya watesna, sarta aya salawasna. Ku kawasa-Na, Allah nyiptakeun saniskara alam.

Allah tara ngagunakeun kawasana pikeun tujuan nu salah. Mantenna salawasna ngagunakeun kawasa-Na luyu sareng hukum-Na sarta aya tujuanana. Mantenna ngagunakeun kawasa-Na diimbangan ku sipat adil, hikmah, sarta asih.

Yéhuwa sakitu murah asihna ngagunakeun kawasa-Na pikeun hamba-hamba-Na nu satia. ”PANGERAN teh teu weleh neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna.” (2 Babad 16:9) Naha Sadérék palay ngaraket ka Allah nu ageung kawasa-Na tapi maliré ka urang?

Allah nu Adil

”PANGERAN cinta . . . kaadilan.” (Jabur 33:5) Mantenna salawasna ngalampahkeun nu bener tur adil luyu sareng patokan-Na nu sampurna.

Allah tara beurat sabeulah

Allah ceuceub kana kateuadilan. ”Mantenna tara pilih kasih, tara pandang ruruba.” (Pamindo 10:17) Mantenna ngalawan ka nu sok nindes, sarta nulungan nu teu walakaya, kaasup ”randa atawa . . . pahatu”. (Budalan 22:22) Allah tara goréng sangka ka manusa. ”Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”​—Rasul 10:34, 35.

Kaadilan Yéhuwa téh pohara saimbangna. Dina ngajalankeun kaadilan, Mantenna henteu leuleuy teuing, henteu heuras teuing. Mantenna ngahukum jalma nu teu daék tobat tapi jembar hampura ka nu daék tobat. ”Estu PANGERAN teh welas asih, lautan kurnia, sabar adil palamarta, sarta jembar hampura-Na, tara terus nyeuseul salawasna, tara terus bendu salalanggengna; ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang.” (Jabur 103:8-10) Allah ogé teu mopohokeun laku lampah hadé hamba-hamba-Na nu satia sarta maparin pahla ka maranéhna. Tangtu Sadérék tiasa percaya ka Allah nu adil.

Allah nu Kagungan Hikmah

Kitab Suci ngamuat hikmah Allah

Yéhuwa téh sumber sagala hikmah. ”Maha jembar Allah! Kawijaksanaan [hikmah] jeung kauninga-Na sakitu jerona.” (Rum 11:33) Hikmah Allah taya nu nandingan sarta taya watesna.

Hikmah Allah nyata dina ciptaana-Na. ”PANGERAN ngadegkeun bumi ku hikmah-Na. Ngadegkeun langit ku pangartos-Na.”​—Siloka 3:19.

Hikmah Allah dijéntrékeun dina Kitab Suci. Raja Daud nulis, ”Parentah PANGERAN beunang dipercaya, mere hikmah ka anu tuna harti.” (Jabur 19:8) Bayangkeun, Sadérék tiasa nampi mangpaat tina hikmah Allah nu taya hinggana! Naha Sadérék palay nampi mangpaatna?

Allah téh Asih

Sipat Allah nu utama nyaéta asih. ”Allah teh sipat asih,” ceuk Kitab Suci. (1 Yohanes 4:8) Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa dijurung sarta dibingbing ku sipat asih.

Allah némbongkeun kaasih-Na ka urang ku seueur cara nu teu kaétang deui. Mantenna maparin urang hal-hal nu hadé. ”Sagala padamelana-Na anu harade pikeun aranjeun, nya eta: nurunkeun hujan ti langit, maparin musim hasil bumi, maparin dahareun, jeung nyenangkeun hate aranjeun.” (Rasul 14:17) Malahan mah sakabéh ”kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah”. (Yakobus 1:17) Allah ogé maparin Kitab Suci nu luhur pangajina pikeun ngajarkeun bebeneran ngeunaan Mantenna sarta hukum-hukum tur prinsip-prinsip nu dumasar kana kaasih-Na. ”Nya pangandika Ama kaestuan teh,” saur nabi Isa dina doana.​—Yohanes 17:17.

Hikmah Allah nu matak tajub katémbong dina ciptaana-Na

Allah ogé nulungan urang waktu nyanghareupan masalah. ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.” (Jabur 55:23) Mantenna ogé ngahampura dosa urang. ”Reh Gusti teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.” (Jabur 86:5) Salian ti éta, Mantenna ogé maparin harepan kahirupan langgeng ka urang. ”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.” (Wahyu 21:4) Kumaha Sadérék ngajénan kaasih Allah? Naha Sadérék ogé mikaasih Mantenna?

Raketan Allah

Ngadoa sarta ngalenyepan sipat-sipat Allah bakal ngaraketkeun Sadérék ka Mantenna

Allah miharep sangkan Sadérék langkung kenal ka Mantenna. Firman-Na ngajurung urang, ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.” (Yakobus 4:8) Allah nyebut Ibrahim, nabi nu satia, sabagé ”sahabat Kami”. (Yesaya 41:8) Yéhuwa miharep sangkan Sadérék ogé janten sobat-Na.

Langkung seueur Sadérék diajar ngeunaan Allah, Sadérék bakal langkung raket ka Mantenna sarta Sadérék ogé bakal langkung bagja. ”Nya bagja jalma” anu ”resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting”. (Jabur 1:1, 2) Ku kituna, terus diajar Kitab Suci. Lenyepan sipat-sipat Allah sarta sagala padamelana-Na. Témbongkeun kaasih Sadérék ka Allah ku cara ngajalankeun naon nu tos ditalungtik ku Sadérék. ”Sabab tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna. Ari parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang.” (1 Yohanes 5:3) Jadi, Sadérék tiasa ngadoa saperti nu nulis Jabur, ”Tuduhkeun ka abdi jalan Gusti, nun PANGERAN, sangkan abdi terang. Wurukan abdi hal hirup nurutkeun pangersa Gusti.” (Jabur 25:4, 5) Sadérék bakal ngaraos yén Yéhuwa téh ”henteu jauh ti diri urang masing-masing”.​—Rasul 17:27.