Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Jangji-Jangji Nu Bakal Ngawujud

Jangji-Jangji Nu Bakal Ngawujud

Nabi Isa ngaramalkeun yén warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bakal disebarkeun ka sakuliah dunya. (Matius 24:14) Kitab Daniel gé nyebutkeun ngeunaan hiji pamaréntahan nu bakal diadegkeun ku Allah. Daniel pasal 2 nyaritakeun ngeunaan pamaréntahan-pamaréntahan manusa nu paling boga kawasa ti jaman Babilon nepi ka jaman ayeuna. Ayat 44 a dina pasal éta ngaramalkeun naon nu bakal kajadian ka hareupna.

”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji Karajaan anu moal aya tungtungna. Moal aya tiasa nu ngéléhkeun. Malah bakal numpes numpurkeun Karajaan-Karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna.”

Ramalan ieu sarta ramalan séjénna dina Alkitab méré nyaho urang yén engké Pamaréntahan Allah bakal ngagantikeun sakabéh pamaréntahan manusa tuluy bakal nyieun kaayaan bumi jadi tengtrem sarta tartib. Tapi dina Pamaréntahan Allah, kahirupan urang bakal kumaha? Ieu sababaraha jangji nu luar biasa nu sakeudeung deui bakal ngawujud.

  • MOAL AYA DEUI PERANG

    Jabur 46:10: ”[Allah] ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat, gondewa-gondewa diririkes, tumbak-tumbak dipingges-pinggeskeun, tameng-tameng diduruk.”

    Ayeuna jalma-jalma ngagunakeun duit jeung pangabisana pikeun nyieun senjata. Tapi engké mah duit jeung pangabisa téh bakal dipaké pikeun mantuan manusa, lainna pikeun maéhan maranéhna. Pamaréntahan Allah pasti bakal ngawujudkeun jangji éta.

  • MOAL AYA DEUI PANYAKIT

    Yesaya 33:24: ”Anu maratuh di tanah urang, moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”

    Pék bayangkeun mun di dunya moal aya deui jalma nu boga panyakit jantung, kangker, malaria, atawa panyakit séjénna. Moal aya deui jalma nu butuh rumah sakit atawa obat-obatan. Kabéh jalma nu hirup di dunya bakal boga kaséhatan nu sampurna.

  • MOAL AYA KALAPARAN DEUI

    Jabur 72:16: ”Mugia nagri pinuh ku gandum, pasir-pasirna kaamparan pepelakan.”

    Bumi bakal ngahasilkeun loba dahareun pikeun kabéh jalma. Ku kituna, kabéh jalma bakal boga kadaharan nu cukup. Kalaparan, jeung kakurangan gizi moal aya deui.

  • MOAL AYA DEUI NU MAOT, KASEDIH, ATAWA KANYERI

    Wahyu 21:4: ”[Allah] bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri. Hal-hal nu heubeul geus sirna.”

    Hartina urang bakal boga kahirupan nu sampurna di bumi pirdaus pikeun salawasna! Éta nu geus dijangjikeun ku Yéhuwa, Gusti nu nyiptakeun sarta nyaah ka urang.

”JANGJI GUSTI TANGTU DILAKSANAKEUN”

Anjeun percaya teu jangji-jangji Gusti bakal jadi kanyataan? Mémang, loba jalma ngarep-ngarep kahirupan saperti nu dijangjikeun sarta dicaritakeun dina Alkitab. Tapi kahirupan jiga kitu téh asa teu mungkin jadi kanyataan. Ku naon? Sabab teu pernah aya manusa nu ngarasakeun kahirupan siga kitu.

Umat manusa téh diperbudak ku dosa sarta maot. Geus sakitu lilana manusa nalangsa ku lantaran kapeurih, kasangsaraan, jeung kasusah nepi ka maranéhna ngarasa hirup siga kitu téh geus biasa. Tapi sabenerna, Gusti Yéhuwa mah teu hayang manusa hirup siga kitu.

Supaya urang bisa yakin kana hal-hal nu geus dijangjikeun ku Anjeunna, Gusti ngomong kieu ka urang, ”Nya kitu pangandika anu kaluar ti Kami, moal gagal mawa tujuan pangersa Kami. Sagala pangersa Kami ku éta tangtu dilaksanakeun.”​—Yesaya 55:11.

Alkitab ngajelaskeun yén ”Yéhuwa téh Allah nu teu bisa bohong”. (Titus 1:2) Anjeunna téh geus ngajangjikeun loba hal nu luar biasa keur urang ka hareupna. Ku kituna, urang bisa mikirkeun pananya-pananya ieu: Bener kitu manusa téh bisa hirup langgeng di Pirdaus nu geus dijangjikeun? Naon nu bisa urang lakukeun supaya bisa hirup langgeng di Pirdaus? Lamun anjeun terus maca majalah ieu, anjeun bakal meunangkeun jawaban tina pananya-pananya éta.

[Catetan Handap]

a Kutipan ayat tina Kitab Daniel, Yesaya, jeung Jabur dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.