Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 39

Ngaran Sadérék Dicatet dina ”Buku Kahirupan” Teu?

Ngaran Sadérék Dicatet dina ”Buku Kahirupan” Teu?

”Di payuneun Mantenna aya kitab, catetan jalma-jalma anu mikasieun jeung ngajenan ka Mantenna.”​—MAL. 3:16, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 61 Maju, Saksi-Saksi!

NU DIBAHAS *

Ti jaman Habél nepi ka ayeuna, Yéhuwa terus nyatet ngaran jalma-jalma dina ”buku kahirupan” (Tingali paragrap 1-2)

1. Ceuk Malaki 3:16, Yéhuwa keur nulis buku naon, sarta naon eusina?

 SALILA rébuan taun, Yéhuwa nyatet ngaran loba jalma dina hiji buku nu istiméwa. Nu mimiti dicatet téh nyaéta Habél, hamba Allah nu satia. * (Luk. 11:50, 51) Nepi ka ayeuna, Yéhuwa masih terus nulis buku ieu. Geus aya jutaan ngaran nu dicatet di ditu. Alkitab nyebut buku ieu téh ”catetan jalma-jalma”, ”buku kahirupan”, jeung ”gulungan kahirupan”. Dina artikel ieu, urang nyebutna ”buku kahirupan”.​—Baca Malaki 3:16; Why. 3:5; 17:8.

2. Jalma jiga kumaha nu ngaranna dicatet dina buku kahirupan, jeung kumaha supaya ngaran urang bisa dicatet di ditu?

2 Dina buku nu istiméwa ieu, aya ngaran jalma-jalma anu ibadah ka Yéhuwa jeung ngahargaan nami-Na. Maranéhna téh boga harepan pikeun hirup langgeng. Lamun urang boga iman kana korban tebusan Isa Al-Masih, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa, sarta ngaran urang bisa dicatet dina buku éta. (Yah. 3:16, 36) Teu sual naon harepan hirup urang, boh di sorga boh di bumi, urang pasti hayang ngaran urang dicatet dina buku éta.

3-4. (a) Lamun ngaran urang geus dicatet dina buku kahirupan, naha enya urang pasti hirup salilana? Jelaskeun. (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu jeung artikel saterusna?

3 Naha enya jalma nu ngaranna aya dina buku éta téh geus pasti meunang hirup langgeng? Jawabanana aya dina kekecapan Yéhuwa ka Musa di Budalan 32:33, ”Anu rek dipupus ngaranna tina kitab Kami, nya anu geus marigawe dosa ka Kami.” (KITAB SUCI © LAI 1991) Jadi, ngaran maranéhna téh bisa dipupus. Éta siga Yéhuwa nulis maké patlot. (Why. 3:5) Ku kituna, urang kudu mastikeun ngaran urang aya terus dina buku éta nepi ka engké Yéhuwa nulis maké pulpén jeung teu bisa dipupus.

4 Tapi, bisa jadi urang panasaran kana sababaraha hal ieu. Misalna, saha waé nu dicatet jeung saha waé nu teu dicatet dina buku kahirupan? Iraha jalma-jalma nu ngaranna dicatet dina buku éta bisa meunangkeun hirup langgeng? Kumaha jeung jalma-jalma nu geus maot tapi can kenal ka Yéhuwa? Kira-kira, bisa teu ngaran maranéhna dicatet dina buku kahirupan? Jawabanana bakal dibahas dina artikel ieu jeung artikel saterusna.

SAHA WAÉ NU NGARANNA AYA DINA BUKU KAHIRUPAN?

5-6. (a) Dumasar Filipi 4:3, saha nu ngaranna dicatet dina buku kahirupan? (b) Iraha ngaran maranéhna bakal dicatet maké pulpén jeung teu bisa dipupus?

5 Saha waé nu ngaranna dicatet dina buku kahirupan? Pikeun ngajawab pananya éta, urang bakal ngabahas lima kelompok jelema. Aya nu ngaranna dicatet dina buku kahirupan, aya ogé nu henteu.

6 Kelompok nu kahiji nyaéta jalma-jalma nu geus dipilih pikeun maréntah bareng jeung Isa di sorga. Ayeuna, ngaran maranéhna téh geus aya dina buku kahirupan. Rasul Paulus ngomong ka ’batur gawéna’ di Filipi yén ngaran jalma-jalma nu dilantik ku kawasa suci, nyaéta nu dipilih pikeun maréntah bareng jeung Isa téh, ayeuna geus aya dina buku kahirupan. (Baca Filipi 4:3.) Tapi supaya ngaran maranéhna tetep aya dina buku éta, maranéhna kudu tetep satia. Engké sanggeus maranéhna narima ségel nu pangahirna, kakara ngaran maranéhna dicatet maké pulpén jeung teu bisa dipupus. Ieu téh ngawujudna saacan maranéhna maot atawa saacan aya kasangsaraan nu kacida hébatna.​—Why. 7:3.

7. Dumasar Wahyu 7:16, 17, iraha ngaran ”sakumpulan jalma nu kacida lobana” dicatet maké pulpén jeung teu bisa dipupus?

7 Kelompok nu kadua nyaéta ”sakumpulan jalma nu kacida lobana”. Ngaran maranéhna geus dicatet dina buku kahirupan. Sanggeus salamet tina Armagédon, naha ngaran maranéhna bakal terus aya dina buku kahirupan? Enya. (Why. 7:9, 14) Isa nyebutkeun jalma-jalma nu siga domba ieu ”bakal hirup salilana”. (Mat. 25:46; Yah. 10:16) Tapi, maranéhna moal langsung narima hirup langgeng. Ngaran maranéhna masih kénéh ditulis maké patlot jiga saacanna. Dina Pamaréntahan Sarébu Taun, Isa ”bakal ngangon jeung nungtun maranéhna ka sumber cai kahirupan”. Nu nuturkeun bingbingan ti Al-Masih jeung ahirna dianggap satia ku Yéhuwa, ngaranna bakal dicatet maké pulpén jeung teu bisa dipupus.​—Baca Wahyu 7:16, 17.

8. Saha nu ngaranna henteu dicatet dina buku kahirupan, jeung naon nu bakal kaalaman ku maranéhna?

8 Kelompok nu katilu nyaéta jalma-jalma nu dianggap embé, nu bakal dibinasakeun dina Armagédon. Ngaran maranéhna téh teu aya dina buku kahirupan. Ceuk Isa, maranéhna ”bakal paéh salilana”. (Mat. 25:46) Paulus dibéré ilham pikeun méré nyaho urang yén ”maranéhna bakal narima hukuman, nyaéta dibinasakeun salilana”. (2 Tés. 1:9, 2 Pét 2:9) Salian ti éta, jalma-jalma anu sapanjang sajarah geus ngahaja ngalawan kawasa suci gé moal hirup salilana, tapi bakal dibinasakeun salilana. Jelas, maranéhna moal dihirupkeun deui. (Mat. 12:32; Mar. 3:28, 29; Ibr. 6:4-6) Ayeuna, hayu urang bahas leuwih loba ngeunaan dua kelompok jalma nu bakal dihirupkeun deui di bumi.

NU BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI

9. Dina Kisah 24:15, saha dua kelompok jalma nu bakal dihirupkeun deui di bumi, sarta naon bédana?

9 Alkitab nyebutkeun, aya dua kelompok jalma nu bakal dihirupkeun deui jeung boga harepan pikeun hirup salilana di bumi. Maranéhna téh nyaéta ”jalma bener” jeung ”jalma teu bener”. (Baca Kisah 24:15.) ”Jalma bener” téh nyaéta jalma-jalma nu ngawula Yéhuwa sapanjang hirupna. Ari ”jalma teu bener” téh nyaéta jalma-jalma nu teu ngawula Yéhuwa saacan maranéhna maot. Loba di antara maranéhna nu kalakuanana téh teu bener. Pan dua kelompok ieu téh bakal dihirupkeun deui, naha éta hartina ngaran maranéhna geus dicatet dina buku kahirupan? Hayu urang bahas dua kelompok ieu hiji-hiji.

10. Ku naon ”jalma bener” bakal dihirupkeun deui, jeung sababaraha di antarana bakal diangkat jadi naon? (Tingali ogé ”Pananya ti Nu Maca” dina édisi ieu ngeunaan jalma-jalma anu dihirupkeun deui di bumi.)

10 Kelompok nu kaopat téh nyaéta ”jalma bener”. Saacan maot, ngaran maranéhna téh geus dicatet dina buku kahirupan. Sanggeus maot gé, ngaran maranéhna teu dipupus, sabab maranéhna ”hirup” kénéh dina ingetan Yéhuwa. Yéhuwa téh ”Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh. Dina pandangan Anjeunna, maranéhna kabéh téh hirup”. (Luk. 20:38) Jadi, waktu jalma bener dihirupkeun deui di bumi, ngaran maranéhna téh geus aya dina buku kahirupan. Tapi, ngaran maranéhna téh ditulisna saolah-olah maké ”patlot” kénéh. (Luk. 14:14) Di antara maranéhna, bakal aya jalma-jalma anu diangkat pikeun jadi para pamingpin di sakuliah dunya.​—Jab. 45:17.

11. ”Jalma teu bener” kudu diajar naon supaya ngaran maranéhna dicatet dina buku kahirupan?

11 Kelompok nu kalima téh ”jalma teu bener”. Ngaran maranéhna teu dicatet dina buku kahirupan. Ku naon? Meureun hirup maranéhna téh teu bener lantaran maranéhna teu nyaho kana patokan hirup ti Yéhuwa. Jadi ku ngahirupkeun deui maranéhna, Allah méré kasempetan supaya ngaran maranéhna bisa dicatet dina buku éta. Jalma-jalma ieu téh perlu dibantu. Basa hirup kénéh, maranéhna ngalakukeun hal-hal goréng. Maranéhna perlu diajar supaya hirupna luyu jeung patokan hirup ti Yéhuwa. Pikeun mantuan maranéhna, Pamaréntahan Allah bakal ngayakeun program pangajaran nu panggedéna di sakuliah dunya.

12. (a) Saha nu bakal ngajar jalma teu bener? (b) Lamun aya nu embung nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa, maranéhna bakal dikumahakeun?

12 Saha nu bakal ngajar jalma teu bener? Maranéhna bakal diajar ku sakumpulan jalma kacida lobana jeung jalma bener anu dihirupkeun deui. Supaya ngaran maranéhna bisa dicatet dina buku kahirupan, maranéhna kudu nyobat sarta ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Ti sorga, Isa Al-Masih jeung kabéh nu dilantik ku kawasa suci bakal merhatikeun sikep maranéhna waktu diajarkeun patokan hirup ti Yéhuwa. (Why. 20:4) Nu embung nuturkeun patokan ti Yéhuwa moal diantep hirup, sanajan umurna geus 100 taun. (Yes. 65:20) Yéhuwa jeung Isa téh bisa maca haté. Aranjeunna moal ngantep saha waé nyieun masalah di dunya anyar.​—Yes. 11:9; 60:18; 65:25; Yah. 2:25.

DIHIRUPKEUN PIKEUN HIRUP LANGGENG ATAWA PIKEUN DIHAKIMAN

13-14. (a) Baheula urang boga pamahaman naon ngeunaan kekecapan Isa dina Yahya 5:29? (b) Naon nu perlu diperhatikeun tina kekecapan dina ayat éta?

13 Isa nyebutkeun ngeunaan jalma-jalma nu bakal dihirupkeun deui di bumi. Manéhna ngomong, ”Bakal datang mangsana kabéh nu aya di jero kuburan bakal ngadéngé sorana tuluy kalaluar. Nu ngalampahkeun hal-hal hadé bakal dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng, tapi nu ngalampahkeun hal-hal jahat bakal dihirupkeun pikeun dihakiman.” (Yah. 5:28, 29) Naon maksudna?

14 Baheula, urang apal yén jalma-jalma nu dihirupkeun deui téh bakal diadilan gumantung kana laku lampahna sanggeus maranéhna dihirupkeun deui. Tapi perhatikeun, Isa teu nyebutkeun nu engkéna ngalampahkeun hal-hal hadé, atawa nu engkéna ngalampahkeun hal-hal jahat. Harita, Isa mah keur ngabahas kalakuan jalma-jalma saacan maranéhna maot. Ieu asup akal, sabab di dunya anyar mah jalma-jalma teu meunang ngalampahkeun hal-hal jahat deui. Jadi, hal-hal jahat éta pasti dilampahkeun saacan maranéhna maot. Terus, naon nu dimaksud ku Isa ngeunaan ”dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng”, jeung ”dihirupkeun pikeun dihakiman”?

15. Saha nu bakal ”dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng”, jeung ku naon?

15 Jalma bener, nyaéta nu ngalampahkeun hal-hal hadé, bakal ”dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng” lantaran ngaranna geus dicatet dina buku kahirupan. Jadi, pihudangeunana jalma nu ”ngalampahkeun hal-hal hadé” dina Yahya 5:29 téh sarua jeung pihudangeunana ”jalma bener” dina Kisah 24:15. Ceuk Roma 6:7, nu geus maot mah dosana geus dihampura. Tapi, kasatiaanana terus diinget ku Yéhuwa. Éta sababna, ngaranna masih aya dina buku kahirupan. (Ibr. 6:10) Supaya ngaranna teu dipupus, maranéhna kudu terus satia sanggeus dihirupkeun deui.

16. Naon maksudna jalma-jalma ”bakal dihirupkeun pikeun dihakiman”?

16 Kumaha jeung jalma-jalma nu ngalakukeun hal-hal jahat saacan maranéhna maot? Mémang pas maot, dosa-dosa maranéhna téh geus dipupus. Tapi, maranéhna can kabukti satia ka Yéhuwa. Éta sababna, ngaran maranéhna teu dicatet dina buku kahirupan. Jalma-jalma nu ”ngalampahkeun hal-hal jahat” ieu téh sarua jeung ”jalma teu bener” nu dicatet dina Kisah 24:15. Maranéhna bakal ”dihirupkeun deui pikeun dihakiman”. * Maksudna, Isa bakal merhatikeun jeung mariksa kalakuan maranéhna sanggeus maranéhna dihirupkeun deui. (Luk. 22:30) Sanggeus sababaraha waktu, Isa bakal nangtukeun ngaran maranéhna layak dicatet dina buku kahirupan atawa henteu. Ngaran maranéhna bisa dicatet dina buku kahirupan lamun maranéhna eureun ngalakukeun hal-hal jahat jeung daék ngabaktikeun diri ka Yéhuwa.

17-18. Naon nu kudu dilakukeun ku jalma-jalma nu dihirupkeun di bumi, jeung ”kalakuanana” nu mana nu dimaksud dina Wahyu 20:12, 13?

17 Sanggeus dihirupkeun deui, boh jalma bener boh jalma teu bener, kudu taat kana hukum anu aya dina gulungan-gulungan anyar nu bakal dibuka dina 1.000 taun. Rasul Yahya nyaritakeun titingalianana, ”Kuring ningali jalma-jalma nu maot, boh jalma penting boh jalma biasa, narangtung di hareupeun tahta, jeung gulungan-gulungan dibuka. Tapi aya gulungan séjén nu dibuka, nyaéta gulungan kahirupan. Jalma-jalma nu maot éta diadilan nurutkeun naon nu ditulis dina gulungan-gulungan éta, satimpal jeung kalakuanana.”​—Why. 20:12, 13.

18 Tina ”kalakuanana” nu mana maranéhna bakal diadilan? Tina kalakuan maranéhna saacan maot? Henteu! Pan dosa-dosa maranéhna geus dipupus pas maranéhna maot, jadi moal mungkin maranéhna diadilan dumasar kana ”kalakuanana” saacan maot. Jadi, nu dimaksud téh pasti kalakuan maranéhna waktu diajar di dunya anyar. Jalma-jalma nu satia siga Nuh, Samuél, Daud, jeung Daniél gé kudu diajar ngeunaan Isa Al-Masih jeung kudu boga iman kana korban tebusan. Komo deui jalma-jalma teu bener, maranéhna kudu diajar loba hal!

19. Naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma anu teu daék nuturkeun hukum Allah?

19 Kumaha jadina lamun jalma-jalma anu geus dibéré kasempetan ieu embung nuturkeun hukum Allah? Wahyu 20:15 méré nyaho, ”Saha waé nu ngaranna teu ditulis dina buku kahirupan dibalangkeun ka situ seuneu éta.” Maranéhna bakal dibinasakeun salilana. Jadi, urang kudu mastikeun ngaran urang ditulis dina buku kahirupan jeung teu dipupus!

Saurang sadérék miluan program pangajaran nu panggedéna Nu bakal diayakeun dina Pamaréntahan Sarébu Taun (Tingali paragrap 20)

20. Kagiatan luar biasa naon nu bakal diayakeun salila Pamaréntahan Sarébu Taun? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

20 Kaayaan dina Pamaréntahan Sarébu Taun bakal luar biasa! Engké bakal aya program pangajaran panggedéna di bumi. Jalma bener jeung jalma teu bener bakal diadilan dumasar kana kalakuanana salila Pamaréntahan Sarébu Taun. (Yes. 26:9; Kis. 17:31) Bakal siga kumaha program pangajaranana? Artikel saterusna bakal ngabantu urang supaya urang leuwih paham jeung leuwih ngahargaan berkah ieu.

KAWIH 147 Jangji Hirup Langgeng

^ Artikel ieu ngajelaskeun pamahaman anyar ngeunaan kekecapan Isa nu dicatet dina Yahya 5:28, 29. Di ditu disebutkeun, aya nu bakal ”dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng” jeung aya nu ”dihirupkeun pikeun dihakiman”. Naon maksudna? Saha nu bakal dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng, jeung saha nu bakal dihirupkeun pikeun dihakiman?

^ Buku ieu ditulis ”ti mimiti ayana dunya”, nyaéta ti saprak aya jalma nu bisa meunang mangpaat tina korban tebusan Isa. (Mat. 25:34; Why. 17:8) Katingalina, Habél téh nu mimiti dicatet dina buku kahirupan.

^ Saacanna, publikasi urang ngajelaskeun yén kecap ”dihakiman” dina ayat ieu téh maksudna dihukum. Mémang, kecap ”dihakiman” téh bisa waé boga harti kitu. Tapi dina ayat ieu, katingalina lain éta nu dimaksud ku Isa. Isa ngagunakeun kecap ”dihakiman” pikeun ngamaksudkeun yén jalma-jalma bakal diperhatikeun jeung diuji, atawa jiga nu disebutkeun dina hiji kamus Alkitab dina basa Yunani, ”dipariksa kalakuanana”.