Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 137

Para Wanoja nu Satia Ngawula

Para Wanoja nu Satia Ngawula

(Rum 16:2)

  1. 1. Sarah, Éster, Hana, Rut, jeung séjénna,

    Wanoja nu binangkit tur satia.

    Maranéhna babakti ka Yéhuwa,

    Imanna dicatet dina Alkitab.

    Loba kénéh wanoja satia,

    Najan teu dicatet, kamanah ku Huwa.

  2. 2. Hadé haté, wani, asih, soméah,

    Sarta sipat-sipat mulya séjénna,

    Ditémbongkeun para wanoja éta,

    Jadi tuladan hadé keur ayeuna.

    Wanoja Kristen nu saratia

    Layak dipiconto ku urang sadaya.

  3. 3. Para indung, istri, mojang, jeung randa,

    Nu ngawula kalawan suka bungah,

    Nu getol, réla tunduk, jeung basajan,

    Sing teger, aranjeun kamanah Allah.

    Sadérék istri, muga Yéhuwa

    Nguatkeun aranjeun tur masihan berkah.