Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 145

Jangji Allah ngeunaan Pirdaus

Jangji Allah ngeunaan Pirdaus

(Lukas 23:43)

  1. 1. Allah jangji aya Pirdaus,

    Diparéntah Yésus Kristus.

    Kabéh dosa tur salah musna;

    Kanyeri jeung maot sirna.

    (REFREIN)

    Hirup langgeng di Pirdaus

    Kawujud ku Yésus Kristus.

    Jangji Allah pikeun bumi,

    Urang iman éta pasti.

  2. 2. Pangersa Yah di ieu bumi

    Nu maraot hirup deui.

    Sakumaha jangjina Yésus,

    ’Anjeun bakal di Pirdaus.’

    (REFREIN)

    Hirup langgeng di Pirdaus

    Kawujud ku Yésus Kristus.

    Jangji Allah pikeun bumi,

    Urang iman éta pasti.

  3. 3. Di sawarga Yésus maréntah,

    Bumi jadi taman éndah.

    Hayu urang muji Yéhuwa,

    Nganuhunkeun ka Mantenna.

    (REFREIN)

    Hirup langgeng di Pirdaus

    Kawujud ku Yésus Kristus.

    Jangji Allah pikeun bumi,

    Urang iman éta pasti.