Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 19

Pangéling-ngéling Pupusna Yésus

Pangéling-ngéling Pupusna Yésus

(Mateus 26:26-​30)

  1. 1. Ama Yéhuwa di sawarga,

    Ieu téh wengi nu suci.

    Kapungkur Ama tos némbongkeun kawasa,

    Adil, hikmat, sarta asih.

    Domba Paska nu dikorbankeun

    Ngabébaskeun umat Huwa.

    Lami saatosna, Yésus dikorbankeun,

    Ngalaksanakeun nubuat Yah.

  2. 2. Roti jeung anggur di payuneun

    Ngémutkeun abdi ka Ama.

    Sakitu nyaahna

    ka umat manusa,

    Ama ngorbankeun Sang Putra.

    Haté abdi jadi kageuing

    Hadir di ieu Pangéling,

    Émut ka Kristus

    anu terus satia,

    Pupus nebus umat manusa.

  3. 3. Wengi ieu abdi sadaya

    Ngarumpul payuneun Ama,

    Nganuhunkeun kana

    pangorbanan Putra

    Sarta ngamulyakeun Ama.

    Ku ayana Pangéling ieu,

    Haté abdi ditegerkeun.

    Mugia abdi nyonto lampah Sang Putra

    Tur bisa hirup salawasna.