Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 28

Jadi Sobat Yéhuwa

Jadi Sobat Yéhuwa

(Jabur 15)

  1. 1. Saha sobat Ama,

    Nu Ama percaya?

    Saha nu bisa jadi sémah

    Di kémah Yéhuwa?

    Nu iman ka Ama,

    Satia ka Ama,

    Nu hirup luyu jeung beb’neran

    Tur taat ka Firman.

  2. 2. Saha sobat Ama,

    Nu dikenal Ama?

    Saha nu kamanah ku Ama,

    Nu nyukakeun Ama?

    Sadaya nu muji

    Nami agung Ama.

    Sadaya nu jujur haténa

    Jeung ucapanana.

  3. 3. Sagala kasusah

    Unjukkeun ka Ama.

    Ama kersa dangukeun abdi

    Tur nguatkeun abdi.

    Abdi hoyong pisan

    Jadi sobat Ama.

    Ama sobat nu panghadéna,

    Nu taya bandingna.