Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

KAWIH 53

Siap-Siap Ngawarta

Siap-Siap Ngawarta

(Yermia 1:​17)

  1. 1. Waktuna

    Siap-siap

    Nyebarkeun warta hadé.

    Langitna ceudeum,

    Terus hujan turun.

    Sanajan tunduh, urang indit

    ngawarta.

    (REFREIN)

    Hayu urang indit ngawarta,

    Ulah putus asa.

    Ku persiapan jeung ngadoa,

    Urang bisa.

    Yésus ngutus para malaikat

    Sangkan urang kuat.

    Batur dines nyarengan urang,

    Pasti meunang.

  2. 2. Barungah

    Haté urang,

    Inget aya dukungan.

    Yéhuwa ningal

    Upayana urang,

    Jeung asih nu urang témbongkeun

    ka Allah.

    (REFREIN)

    Hayu urang indit ngawarta,

    Ulah putus asa.

    Ku persiapan jeung ngadoa,

    Urang bisa.

    Yésus ngutus para malaikat

    Sangkan urang kuat.

    Batur dines nyarengan urang,

    Pasti meunang.