Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Yakin yén Maranéhna Geus Boga Agama nu Bener?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Yakin yén Maranéhna Geus Boga Agama nu Bener?

 Jalma nu sérius kana agamana tangtu yakin yén agamana ditarima ku Allah. Mun teu yakin, manéhna moal getol ngajalankeun agamana.

 Yésus Kristus teu satuju kana pandangan yén kabéh agama téh siga loba jalan nu brasna kana kasalametan. Ceuk anjeunna, ”Lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik.” (Mateus 7:14) Saksi-Saksi Yéhuwa yakin geus manggihan jalan éta. Mun henteu mah, maranéhna pasti néangan agama séjén.