Pindah kana eusi

Kumaha Carana Jadi Saksi Yéhuwa?

Kumaha Carana Jadi Saksi Yéhuwa?

 Cara pikeun jadi Saksi Yéhuwa dijelaskeun ku Yésus dina Mateus 28:19, 20. Ayat éta ngajelaskeun naon nu kudu dilakukeun saurang jalma pikeun jadi murid Kristus, nyaéta méré kasaksian ngeunaan Yéhuwa.

 Cara 1: Diajar Alkitab. Yésus maréntahkeun murid-muridna pikeun ’ngajadikeun murid jeung ngajar’ jalma-jalma. (Mateus 28:19, 20) Ayat-ayat Alkitab, hususna nu ngamuat pangajaran Yésus, bisa ngabantu Sadérék boga kahirupan nu bagja jeung sugema. (2 Timoteus 3:16, 17) Abdi hayang ngabantu Sadérék diajar Alkitab haratis ku program pangajaran Alkitab.—Mateus 10:7, 8; 1 Tesalonika 2:13.

 Cara 2: Larapkeun nu geus diajarkeun. Yésus ngomong yén salian diajar, jalma-jalma kudu ”ngalakonan sagala perkara anu ku [anjeunna] geus diparentahkeun”. (Mateus 28:20) Jadi, sakuduna teu ngan pamahaman Alkitab wungkul nu nambahan, Sadérék gé kudu nyieun parobahan gedé dina cara pikir jeung laku lampah. (Rasul 10:42; Epesus 4:22-29; Ibrani 10:24, 25) Jalma-jalma nu ngalakonan paréntah Yésus kageuing pikeun nuturkeun anjeunna ku cara ngabaktikeun hirupna ka Allah Yéhuwa.—Mateus 16:24.

 Cara 3: Dibaptis. (Mateus 28:19) Ceuk Alkitab, dibaptis téh ibarat jalma maot nu dikubur. (Bandingkeun jeung Rum 6:2-4.) Baptisan téh lambang yén cara hirup urang nu heubeul geus maot, diganti ku cara hirup nu anyar. Waktu dibaptis, Sadérék nunjukkeun ka jalma réa yén Sadérék geus ngalakukeun dua cara di luhur nu diparéntahkeun ku Yésus, sarta geus ménta haté sanubari nu bersih ka Allah.—Ibrani 9:14; 1 Petrus 3:21.

Naha abdi geus bisa dibaptis?

 Pék ngomong ka kokolot sidang. Maranéhna bakal ngabahas sababaraha hal jeung Sadérék. Maranéhna bakal mastikeun naha Sadérék geus paham kana pangajaran Alkitab, ngalarapkeunana, sarta ngabakti ka Allah ku kahayang sorangan.—Rasul 20:28; 1 Petrus 5:1-3.

Naha budak nu kolotna Saksi gé kudu ngalakukeun cara-cara ieu?

 Muhun. Saksi Yéhuwa nurutkeun paréntah Alkitab pikeun ngagedékeun budak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran” ti Yéhuwa. (Epesus 6:4) Tapi pas geus gedé, budak nu hayang dibaptis kudu nyieun putusan sorangan pikeun diajar, narima, jeung ngalarapkeun pangajaran Alkitab. (Rum 12:2) Unggal jalma kudu nyieun putusan sorangan ngeunaan ibadahna.—Rum 14:12; Galata 6:5.