Pindah kana eusi

Naha di Saksi-Saksi Yéhuwa Aya Perpuluhan?

Naha di Saksi-Saksi Yéhuwa Aya Perpuluhan?

 Henteu, di Saksi-Saksi Yéhuwa teu aya perpuluhan. Kagiatan urang dibiayaan ku sumbangan sukaréla. Lamun méré sumbangan, ngaran jalmana moal disebutkeun. Naon perpuluhan téh, jeung naon sababna di Saksi-Saksi Yéhuwa teu aya perpuluhan?

 Paréntah pikeun méré perpuluhan, atawa méré sapersapuluh tina harta banda saurang jalma, kaasup dina Torét nu dibikeun ka bangsa Israil kuno. Tapi, Alkitab ngajelaskeun yén Torét teu perlu dijalankeun ku urang Kristen​—kaasup paréntahna pikeun ”narik perpuluhan”.—Ibrani 7:5, 18; Kolosa 2:13, 14.

 Ti batan méré perpuluhan jeung kurban nu diwajibkeun, Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto urang Kristen di abad kahiji nu ngadukung palayanan maranéhna ku dua cara: ngalakukeun palayanan tanpa dibayar jeung méré sumbangan sukaréla.

 Ku kituna, urang nuturkeun pituduh Alkitab ka urang Kristen, ”Mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”—2 Korinta 9:7.