Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngarobah Eusi Alkitab pikeun Ngadukung Kapercayaanana?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngarobah Eusi Alkitab pikeun Ngadukung Kapercayaanana?

 Tangtu henteu. Sabalikna, lamun aya kapercayaan urang nu teu saluyu jeung Alkitab, urang ngarobah kapercayaan éta.

 Lila saacan tarjamahan New World Translation of the Holy Scriptures taun 1950 dijieun, urang mariksa heula sababaraha tarjamahan Alkitab nu aya pikeun dijadikeun dasar kapercayaan urang. Pék pariksa sorangan sababaraha kapercayaan nu geus lila dipercaya ku Saksi-Saksi Yéhuwa naha luyu jeung pangajaran Alkitab atawa henteu.

  1.   Nu dipercaya ku urang: Allah lain Tritunggal. Zion’s Watch Tower bulan Juli 1882 nyebutkeun, ”Sanajan urang percaya ka Yéhuwa, Yésus, jeung roh suci, urang nampik pangajaran nu teu luyu jeung Kitab Suci, nyaéta tilu Allah nu aya dina hiji pribadi, atawa hiji Allah nu aya dina tilu pribadi.”

      Alkitab nyebutkeun: ”Ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh.” (Pamindo 6:4, Basa Sunda Sadidinten) ”Pikeun urang mah tetep Allah teh hiji, anu jumeneng Rama, anu ngajadikeun saniskara, tempat ngabaktikeun hirup urang; jeung ngan hiji Gusti, nya eta Yesus Kristus, anu jadi lantaran ayana saniskara, anu ngalantarankeun urang hirup.” (1 Korinta 8:6, Basa Sunda Sadidinten) Yésus malahan ngomong, ”Rama mah, langkung agung batan Kami.”—Yohanes 14:28, Sunda Formal.

  2.   Nu dipercaya ku urang: Euweuh siksaan abadi di naraka. Zion’s Watch Tower nu dipedalkeun bulan Juni 1882 nyutat ayat Rum 6:23 tina King James Version pikeun dijadikeun jejer, nyaéta ”Upahna Dosa téh Maot”. Majalah éta nyebutkeun, ”Ayat ieu téh saderhana jeung jelas pisan. Tapi anéhna, jalma nu ngakukeun Alkitab sabagé Firman Allah, kalah ka percaya kana hal nu papalingpang jeung ayat éta, maranéhna keukeuh yén jalma nu dosa téh bakal meunang siksaan abadi.”

      Alkitab nyebutkeun: ”Jiwa nu ngadosa, jiwa éta nu bakal paéh!” (Yeheskel 18:4, 20, Terjemahan Lama) Hukuman keur jalma-jalma nu ngalawan Allah téh lain siksaan abadi, tapi ”binasa salalanggengna”.—2 Tesalonika 1:9, Basa Sunda Sadidinten.

  3.   Nu dipercaya ku urang: Karajaan Allah téh pamaréntahan nu nyata, lain kaayaan nu aya dina jero haté. Ngeunaan Karajaan Allah, Zion’s Watch Tower bulan Désémber 1881 nyebutkeun, ”Ngadegna Karajaan Allah ngalantarankeun sakabéh karajaan di bumi diancurkeun.”

      Alkitab nyebutkeun: ”Nalika eta karajaan-karajaan tea ngadeg, Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, malah bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna.”—Daniel 2:44, Basa Sunda Sadidinten.

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa ngan ngagunakeun Terjemahan Dunia Baru pikeun ngadukung kapercayaanana?

 Henteu. Urang ngagunakeun loba tarjamahan Alkitab dina pangwawaran. Sabenerna, urang méré Alkitab Terjemahan Dunia Baru haratis ka saha waé nu hayang, ieu téh bagian tina program palajaran Alkitab. Tapi, teu masalah lamun aya nu rék diajar Alkitab jeung urang ngagunakeun tarjamahan séjén.