Pindah kana eusi

Urang Milih Hirup Saderhana

Urang Milih Hirup Saderhana

 Madián jeung Marcela cicing di kota Medellín, Kolombia. Maranéhna téh hirup senang. Gajih Madián téh gedé, jadi maranéhna bisa cicing di apartemén nu méwah. Tapi sabagé hamba Yéhuwa, maranéhna mariksa deui naon nu pangpentingna dina kahirupan. Ku naon ujug-ujug kitu? Ceuk maranéhna, ”Dina taun 2006, urang datang ka kongrés wilayah ’Jagalah Mata Saudara Tetap Sederhana’. Loba hutbah nu ngajurung urang pikeun hirup leuwih saderhana supaya bisa ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa. Sanggeus balik tina kongrés, urang apal salila ieu téh hirup urang teu jiga kitu. Urang resep meulian barang, malah sok nepi ka ngabélaan ngahutang.”

 Lantaran kageuing haténa, Madián jeung Marcela sadar maranéhna kudu ngarobah hirupna jadi leuwih saderhana. Maranéhna ngomong, ”Urang ngurangan biaya hirup. Terus, urang pindah ka apartemén nu leuwih leutik, ngajual mobil, sarta meuli motor.” Maranéhna ogé teu indit ka mall deui supaya teu kabita meulian barang-barang. Maranéhna mulai ngagunakeun leuwih loba waktu keur ngobrol jeung tatangga ngeunaan Alkitab. Maranéhna gé gaul jeung jalma-jalma nu sumanget ngalayanan Allah Yéhuwa sabagé panaratas istiméwa. a

 Teu lila, Madián jeung Marcela mutuskeun rék ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa. Maranéhna hayang pindah ka hiji sidang leutik di kampung nu ngabutuhkeun leuwih loba pawarta. Jadi, Madián eureun tina pagawéanna. Bosna mikir manéhna téh geus teu waras. Tapi Madián ngomong ka bosna, ”Ibu bagja teu lantaran boga loba duit?” Si bosna téh ngaku hirupna teu bagja lantaran boga loba masalah nu teu bisa diréngsékeun. Jadi ceuk Madián, ”Mun kitu mah masalahna lain boga loba duit atawa henteu, tapi naon nu nyieun urang bagja. Abdi jeung pamajikan téh bagja mun ngajarkeun ngeunaan Allah ka batur. Abdi duaan hayang leuwih bagja deui, jadi urang hayang leuwih sering ngalakukeun kagiatan éta.”

 Madián jeung Marcela puas jeung bungah pisan lantaran geus ngutamakeun Allah dina kahirupan maranéhna. Geus 13 taun maranéhna ngabantu sidang-sidang di Kolombia beulah kulon-kalér. Ayeuna, maranéhna geus jadi panaratas istiméwa.

a Panaratas istiméwa téh dilantik ku kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna ditugaskeun ka hiji tempat pikeun ngawawarkeun warta hadé sapinuh waktu. Maranéhna gé dibéré duit sacukupna keur kabutuhan sapopoé.