Pindah kana eusi

Warta Hadé Bisa Dibagikeun ku Lantaran Banjir

Warta Hadé Bisa Dibagikeun ku Lantaran Banjir

 Dina taun 2017, aya 12 Saksi nu ngayakeun perjalanan maké parahu ti daérah Miskito (Mosquito), Nikaragua. Ngaran parahuna téh nyaéta Sturi Yamni. Salah sahiji Saksi nu ngamudi éta parahu, nu ngaranna Stephen nyaritakeun, ”Mimitina, tujuan urang téh nyaéta nguatkeun hiji kelompok Saksi nu cicing di daérah nu mencil sarta ngabantu maranéhna pikeun ngawawar di daérahna nu gedé.”

 Ka-12 Saksi éta indit ti Pearl Lagoon jeung mapay walungan Río Grande de Matagalpa nu jauhna téh kira-kira 200 kilométer. Dina basa Miskito, ngaran parahuna téh hartina ”Warta Hadé”. Maranéhna teu nyangka ngaran éta bakal terus diinget ku jalma-jalma nu cicing di daérah walungan éta. Ahirna maranéhna nepi ka La Cruz de Río Grande sanggeus nempuh 12 jam perjalanan, éta teu kaasup waktu istirahat. Genep saksi nu cicing di ditu nyambut dulur-dulur saimanna.

 Peutingna, aya angin ribut sarta hujan gedé di sumber atawa sirah cai Walungan Río Grande de Matagalpa. Ngan dina sababaraha jam, cai walungan éta mudal, jeung caina terus naék salila dua poé. Akibatna, Balé Karajaan jeung imah-imah di La Cruz kabanjiran. Sadérék-sadérék nu kakara datang éta ngabantu Saksi-Saksi di ditu pikeun ngungsi. Maranéhna ngungsi salila dua poé di tingkat dua imah hiji sadérék.

Balé Karajaan di La Cruz nu kakeueum ku banjir

 Dina peuting katilu, walikota La Cruz datang pikeun ménta bantuan. Manéhna ménta tulung ka para Saksi pikeun nganteur hiji tim bantuan kamanusaan ka masarakat di ditu, lantaran ngan parahu Sturi Yamni nu kuat dipaké keur narajang walungan nu keur banjir éta. Para Saksi daék nulungan.

 Isukanana, aya tilu Saksi nu indit bareng jeung tim bantuan kamanusaan éta. Ceuk Stephen, ”Harita arus cai walunganana téh meni tarik pisan nepi ka 18 kilométer per jam. Tatangkalan gé loba nu rugrug jeung palid kabawa ku cai.” Sanajan kaayaanana hésé, parahu éta bisa ngadatangan tilu kelompok masarakat di daérah éta.

 Tilu Saksi éta ngagunakeun kasempetan ieu pikeun méré panglilipur ka jalma-jalma di ditu. Maranéhna ngabagikeun majalah Sadarlah! taun 2017 nu judulna ”Cara Agar Bisa Selamat Saat Terjadi Bencana”.

 Masarakat di ditu ngahargaan pisan bantuan ti para Saksi, kaasup bantuan sacara rohani. Sababaraha masarakat ngomong, ”Maranéhna téh daék ngabantu urang sanajan kaayaanana keur hésé.” Terus aya ogé nu ngomong, ”Maranéhna téh bener-bener nyaah ka sasama.” Sanggeus ningali usaha para Saksi pikeun ngabantu dulur saimanna jeung jalma-jalma di ditu, masarakat di ditu jadi leuwih daék ngadéngékeun warta hadé ti Alkitab.

Salah sahiji Saksi nu ngamudi parahu nu ngaranna Marco, kakara turun ti parahu Sturi Yamni jeung siap ngabagikeun warta hadé ka masarakat

Parahu Sturi Yamni keur aya di désa nu keuna banjir