Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA

Carana Ngungkabkeun Kadeudeuh

Carana Ngungkabkeun Kadeudeuh

 Sanggeus kawin mangtaun-taun, aya salaki pamajikan nu beuki jarang ngungkabkeun kadeudeuhna. Lamun ieu kaalaman ku Sadérék, Sadérék kudu kumaha?

 Nu kudu dipikanyaho

 Kadeudeuh téh penting pisan pikeun nguatkeun perkawinan. Ibaratna kieu: Sangkan boga awak nu kuat jeung séhat, Sadérék kudu rutin dahar jeung nginum. Kitu ogé, sangkan perkawinan kuat, kadeudeuh téh kudu rutin diungkabkeun. Sanajan geus kawin mangpuluh-puluh taun, salaki jeung pamajikan perlu sering diyakinkeun yén batur hirupna bener-bener nyaah jeung merhatikeun manéhna.

 Cinta sajati téh teu mentingkeun diri. Salaki pamajikan nu boga cinta sajati bakal ngupayakeun sangkan batur hirupna bagja. Manéhna moal ngungkabkeun kadeudeuhna lamun keur inget wungkul, tapi bakal merhatikeun kumaha batur hirupna hayang dipikadeudeuh tuluy ngupayakeunana.

 Biasana, pamajikan butuh leuwih sering dipikadeudeuh ti batan salakina. Bisa jadi salaki téh nyaah pisan ka pamajikanana. Tapi, lamun éta ngan diungkabkeun unggal isuk jeung peuting atawa lamun rék ngalakukeun hubungan séks, pamajikanana bisa ngarasa teu bener-bener dipikanyaah ku salakina. Alusna mah kadeudeuh diungkabkeun sapanjang poé.

 Nu bisa dilampahkeun

 Ungkabkeun kadeudeuh liwat kekecapan. Batur hirup bisa ngarasa dipikanyaah ku kekecapan nu saderhana saperti ”Akang cinta ka Enéng” atawa ”Untung Enéng boga Akang”.

 Prinsip Alkitab: ”Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.”—Mateus 12:34.

 Saran: Kanyaah téh teu ngan saukur diungkabkeun liwat omongan, tapi ogé liwat tulisan, misalna dina kartu, e-mail, atawa SMS.

 Ungkabkeun kadeudeuh liwat tindakan. Kekecapan ”Akang cinta ka Enéng” téh bisa leuwih karasa lamun bari meluk, nyium, atawa nyepeng pananganna. Batur hirup ogé bisa ngarasa diperhatikeun lamun diusap, diteuteup, atawa sakali-kali dibéré hadiah. Kumaha jeung mantuan pamajikan, saperti mawakeun tas, mukakeun panto, ngumbah piring, nyeuseuh, atawa masak? Pikeun loba pamajikan, ieu téh leuwih ti saukur bantuan, ieu téh bukti kanyaah!

 Prinsip Alkitab: ”Nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.”—1 Yohanes 3:18.

 Saran: Perhatikeun batur hirup Sadérék saperti basa keur bobogohan baheula.

 Sadiakeun waktu pikeun duduaan. Duduaan téh bisa nguatkeun perkawinan Sadérék jeung ngayakinkeun batur hirup yén Sadérék téh resep bareng jeung manéhna. Mémang, nyadiakeun waktu pikeun duduaan téh teu gampang lamun geus boga budak jeung boga loba urusan. Tapi, Sadérék bisa ngarencanakeun hal nu saderhana saperti rutin leumpang isuk-isuk duaan.

 Prinsip Alkitab: ”Terang ka anu panghadena.”—Pilipi 1:10.

 Saran: Sababaraha pasangan nu loba kagiatan nyadiakeun waktu pikeun rutin jalan-jalan atawa dahar peuting duaan dina ahir minggu.

 Sing ngarti ka batur hirup. Unggal jalma téh béda-béda pangabutuhna. Pék bahas kumaha Sadérék masing-masing hayang diperhatikeun. Bahas ogé naha masing-masing geus ngarasa dipikadeudeuh. Tuluy, upayakeun pikeun nyumponan pangabutuh batur hirup. Inget yén kadeudeuh téh penting pisan pikeun nguatkeun perkawinan.

 Prinsip Alkitab: ”Kanyaah teh . . . tara mentingkeun maneh.”—1 Korinta 13:4, 5.

 Saran: Ti batan ménta dipikadeudeuh, pék lenyepan, ’Naon nu bisa dilakukeun ku abdi sangkan batur hirup ngarasa dipikadeudeuh?’