Pindah kana eusi

Naon Sapuluh Paréntah ti Allah téh?

Naon Sapuluh Paréntah ti Allah téh?

Jawaban Alkitab

 Sapuluh Paréntah téh nyaéta hukum-hukum nu dipasihkeun ku Allah ka bangsa Israil kuno. Hukum-hukum ieu gé biasa disebut Sapuluh Timbalan, nu ditarjamahkeun sacara harfiah ti ungkapan Ibrani ’asereth haddevarim’. Ungkapan ieu muncul tilu kali dina Torét (Péntateukh), nyaéta lima buku nu mimiti dina Alkitab. (Budalan 34:28; Pamindo 4:13; 10:4) Ungkapan nu sarua dina basa Yunanina téh deka (sapuluh) logous (timbalan). Tina dua kecap ieu muncul kecap ”Dékalog”.

 Allah nuliskeun Sapuluh Paréntah dina dua papan batu nu dipasihkeun ka nabi-Na, nyaéta Musa, di Gunung Sinai. (Budalan 24:12-18) Daptar Sapuluh Paréntah dicatet dina Budalan 20:​1-​17 jeung Pamindo 5:6-21.

 Daptar Sapuluh Paréntah

  1.   Nyembah ngan ka Allah Yéhuwa.—Budalan 20:3.

  2.   Ulah nyembah brahala.—Budalan 20:4-6.

  3.   Ulah sambarangan ngagunakeun nami Allah.—Budalan 20:7.

  4.   Ngalampahkeun Sabat.—Budalan 20:8-11.

  5.   Hormat ka kolot.—Budalan 20:12.

  6.   Ulah maéhan.—Budalan 20:13.

  7.   Ulah ngalampahkeun hal-hal cabul.—Budalan 20:14.

  8.   Ulah maling.—Budalan 20:15.

  9.   Ulah jadi saksi palsu.—Budalan 20:16.

  10.   Ulah sirik.—Budalan 20:17.

 Ku naon susunan Sapuluh Paréntah téh béda-béda?

 Alkitab teu nganomeran unggal paréntah. Matakna, aya loba pandangan ngeunaan kumaha sakuduna paréntah-paréntah éta disusun. Biasana, susunan nu umum téh siga daptar nu di luhur. Tapi, nu séjén mah susunanna béda-béda. Nu ngabédakeunana téh nyaéta paréntah-paréntah ieu dibagi jadi tilu bagian. a

 Ku naon Allah masihan Sapuluh Paréntah?

 Sapuluh Paréntah téh kaasup dina Hukum Musa. Dina Hukum Musa, aya leuwih ti 600 paréntah. Paréntah-paréntah ieu jadi dasar perjangjian antara Allah jeung bangsa Israil kuno. (Budalan 34:27) Allah jangji, lamun urang Israil taat kana Hukum Musa, maranéhna bakal makmur. (Pamindo 28:1-14) Tapi, tujuan utama Hukum éta téh nyaéta nyiapkeun bangsa Israil pikeun datangna Mésias nu geus dijangjikeun, atawa Kristus.​—Galata 3:24, Sunda Formal.

 Naha Sapuluh Paréntah jadi hukum nu utama keur urang Kristen?

 Henteu. Allah masihan Hukum éta, kaasup Sapuluh Paréntah, hususna keur bangsa Israil kuno. (Pamindo 5:2, 3; Jabur 147:19, 20) Hukum Musa teu wajib dijalankeun ku urang Kristen, malahan urang Kristen Yahudi gé ahirna ”leupas tina eta Hukum”. (Rum 7:6) b Hukum Musa digantikeun ku ”hukum Kristus” nu kaasup sakabéh pituduh Yésus ka murid-muridna.—Galata 6:2; Mateus 28:19, 20.

 Naha Sapuluh Paréntah masih cocog keur jaman ayeuna?

 Enya. Urang bisa meunang mangpaat lamun diajar ngeunaan Sapuluh Paréntah lantaran éta némbongkeun pamikiran Allah. (2 Timoteus 3:16, 17) Prinsip-prinsip nu aya dina Sapuluh Paréntah téh mawa mangpaat jeung teu tinggaleun jaman. (Jabur 111:7, 8) Malahan, prinsip-prinsip ieu jadi dasar pikeun pangajaran-pangajaran nu aya dina Perjangjian Anyar.​—Tingali ” Prinsip-prinsip ti Sapuluh Paréntah aya dina Perjangjian Anyar”.

 Yésus ngajarkeun yén sakabéh Hukum Musa, kaasup Sapuluh Paréntah, dumasar kana dua paréntah utama. Anjeunna ngomong, ”Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal. Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna. Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ’Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’” (Mateus 22:34-40) Jadi, sanajan urang Kristen teu diwajibkeun ngajalankeun Hukum Musa, maranéhna diparéntahkeun pikeun nyaah ka Allah jeung ka sasama.—Yohanes 13:34; 1 Yohanes 4:20, 21.

  Prinsip-prinsip ti Sapuluh Paréntah aya dina Perjangjian Anyar

Prinsip

Ayat-Ayat dina Perjangjian Anyar

Nyembah ka Allah Yéhuwa wungkul

Wahyu 22:8, 9

Ulah nyembah brahala

1 Korinta 10:14

Ngamulyakeun nami Allah

Mateus 6:9

Rutin ibadah ka Allah

Ibrani 10:24, 25

Hormat ka kolot

Epesus 6:1, 2

Ulah maéhan

1 Yohanes 3:15

Ulah ngalampahkeun hal-hal cabul

Ibrani 13:4

Ulah maling

Epesus 4:28

Ulah ngabohong

Epesus 4:25

Ulah sirik

Lukas 12:15

a Numutkeun kabiasaan urang Yahudi nu ditulis di The Jewish Encyclopedia, ’timbalan’ nu kahiji téh nyaéta budalan 20 ayat 2, ’timbalan’ nu kaduana ayat 3 nepi ka 6. Salian ti éta, ku urang Katolik mah Budalan pasal 20 ayat 1 nepi ka 6 dikelompokkeun jadi hiji paréntah. Paréntah nu ngalarang urang ngarendahkeun nami Allah téh paréntah nu kadua. Supaya jumlah paréntahna tetep aya sapuluh, paréntah ulah mikahayang pamajikan batur jeung ulah mikahayang milik batur téh dibagi jadi dua paréntah.

b Dina Rum 7:7, paréntah nu kasapuluh disebut sabagé ”Hukum”. Ieu ngabuktikeun yén Sapuluh Paréntah téh kaasup dina Hukum Musa.