Pindah kana eusi

Na Kabéh Agama téh Ditarima ku Allah?

Na Kabéh Agama téh Ditarima ku Allah?

Jawaban Alkitab

 Henteu. Dina Alkitab, aya loba cara ibadah nu teu ditarima ku Allah. Aya dua hal utama nu nyababkeun ibadah teu ditarima ku Allah, nyaéta:

1: Nyembah ka allah-allah palsu

 Ceuk Alkitab, ibadah ka allah-allah palsu téh ”taya pisan hartina” jeung ”teu aya paedahna”. (Yermia 10:3-5; 16:19, 20) Baheula, Allah Yéhuwa a méré paréntah kieu ka bangsa Israil, ”Ulah nyieun sesembahan gaganti Kami.” (Budalan 20:​3, 23; 23:24) Waktu bangsa Israil nyembah ka allah-allah séjén, Yéhuwa jadi ambek.​—Bilangan 25:3; Imamat 20:2; Hakim 2:​13, 14.

 Nepi ka ayeuna, Allah masih teu resep mun manusa nyembah ka ”aallahan”. (1 Korintus 8:​5, 6; Galatia 4:8) Allah maréntahkeun saha waé nu hayang nyembah ka Anjeunna pikeun ngajauhan jalma-jalma nu nyembah allah palsu. Anjeunna ngomong, ”Kaluar ti antara maranéhna, pisahkeun diri maranéh.” (2 Korintus 6:​14-​17) Mun kabéh agama téh ditarima ku Allah, Anjeunna moal mungkin méré paréntah jiga kitu.

2: Ibadah ka Allah nu sajati, tapi carana salah

 Bangsa Israil ibadah ka Allah, tapi kadang cara ibadahna jiga ka allah-allah palsu. Yéhuwa teu resep kana cara ibadah nu dicampur-campur jiga kitu. (Budalan 32:8; Pamindo 12:​2-4) Baheula, Nabi Isa gé ngutuk para pamingpin agama sabab cara ibadah maranéhna salah. Maranéhna katingali soléh, tapi aslina mah munapék. Maranéhna ”teu ngajalankeun hal-hal nu leuwih penting dina Torét, nyaéta kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan”.​Matius 23:23.

 Ayeuna gé jiga kitu. Ngan cara ibadah nu sajalan jeung bebeneran dina Alkitab nu ditarima ku Allah. (Yahya 4:​24; 17:17; 2 Timotius 3:​16, 17) Agama-agama nu pangajaranana teu sajalan jeung Alkitab téh sabenerna ngajauhkeun jalma-jalma ti Allah. Loba pangajaran, jiga Tritunggal, naraka, jeung roh saurang jalma nu tetep hirup sanggeus manéhna maot, asalna téh lain tina Alkitab, tapi ti jalma-jalma nu nyembah allah palsu. Agama nu ngajarkeun pangajaran jiga kitu téh ”cumah baé”, atawa euweuh gunana, sabab maranéhna ngaganti aturan ti Allah ku kabiasaan manusa.​—Markus 7:​7, 8.

 Allah geuleuh ningali agama-agama nu munapék. (Titus 1:​16) Supaya bisa ngadeukeutkeun diri ka Allah, saurang jalma kudu ngajalankeun naon nu geus diajarkeun ku agamana, teu ngan ngajalankeun upacara-upacara atawa kabiasaan-kabiasaan nu aya. Contona, Alkitab nyebutkeun, ”Lamun aya nu ngarasa dirina téh jalma nu ibadah ka Allah tapi teu ngadalikeun létahna, manéhna téh ngabobodo haténa sorangan, jeung ibadahna percumah. Agama nu murni jeung bersih dina pandangan Allah, Bapa urang téh, nyaéta: ngurus yatim pahatu jeung randa nu keur sangsara, bari misahkeun diri tina cara hirup nu kotor ti dunya ieu.”​—Yakobus 1:​26, 27; catetan handap.

a Yéhuwa téh nami ti Allah nu sajati nu dicatet dina Alkitab.