Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panganteur jeung Topik-Topik Utama

Panganteur jeung Topik-Topik Utama

Naséhat-naséhat ti Nabi Isa dikenal ku loba jalma. Sababaraha di antarana ditepikeun ku Nabi Isa waktu keur hutbah di gunung di deukeut Kapernaum, kota di sisi Situ Galiléa. Hutbah ieu biasana disebut Hutbah di Gunung, nu ditulis dina buku Matius pasal 5 nepi ka 7 dina Kitab Suci. Anjeun bisa meunang mangpaat tina naséhat-naséhat bijaksana nu ditepikeun ku Nabi Isa.

  • PASAL 5

    • Isa mulai ngajar di gunung (1, 2)

    • Salapan kabagjaan (3-12)

    • Uyah jeung caang (13-16)

    • Isa ngalaksanakeun Torét (17-20)

    • Naséhat ngeunaan kaambek (21-26), jinah (27-30), pepegatan (31, 32), sumpah (33-37), ulah ngabales (38-42), nyaah ka musuh (43-48)

  • PASAL 6

    • Ulah ngalampahkeun nu bener ngarah katempo ku batur (1-4)

    • Carana ngadoa (5-15)

    • Puasa (16-18)

    • Harta di dunya jeung di sorga (19-24)

    • Ulah hariwang deui (25-34)

      • Utamakeun heula tunduk ka Pamaréntahan Allah (33)

  • PASAL 7

    • Tong sok ngahakiman (1-6)

    • Tong eureun ménta, néangan, ngetrok (7-11)

    • Aturan Emas (12)

    • Gerbang nu sempit (13, 14)

    • Kaciri tina buahna (15-23)

    • Imah di luhureun cadas, imah di luhureun keusik (24-27)

    • Jalma-jalma tajub kana pangajaran Isa (28, 29)