Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Gusti Nu Nyipta Nyaah ka Urang

Gusti Nu Nyipta Nyaah ka Urang

1. NU NYIPTA MASIHAN PANONPOÉ

Mun euweuh panonpoé, moal aya kahirupan di Bumi. Panonpoé méré énergi supaya tatangkalan bisa ngahasilkeun daun, kembang, buah, kacang, atawa sisikian. Ku ayana énergi, tatangkalan gé jadi bisa nyerep cai tina taneuh. Cai disedot ku akar, tuluy diteruskeun nepi ka daun, ahirna éta cai jadi uap di awang-awang.

2. NU NYIPTA NURUNKEUN HUJAN

Hujan téh hadiah ti Gusti. Ku ayana cihujan, Bumi jadi bisa ngahasilkeun dahareun keur manusa. Gusti nurunkeun hujan ti langit sarta masihan usum panén. Urang bungah lantaran di Bumi jadi loba dahareun.

3. NU NYIPTA NYADIAKEUN DAHAREUN JEUNG PAKÉAN

Nu jadi bapa osok hariwang lantaran kudu nyumponan pangabutuh kulawargana, misalna dahareun jeung pakéan. Perhatikeun naon nu ditulis dina Kitab Suci, ”Awaskeun tuh manuk anu keur hihiberan. Tara pepelakan, tara dibuat, tara nyimpen, geuning ku Rama maraneh nu di sawarga diurus! Maraneh teh lain leuwih luhur pangaji ti batan manuk?”​—Mateus 6:25, 26.

”Tenjo kembang bakung kumaha jadina. . . . Tapi sanajan kitu ceuk Kami, Raja Suleman anu sakitu beungharna oge panganggona eleh alus ku eta kembang. Malah jukut, . . . ku Allah didangdanan alus pisan. Atuh komo maraneh mah moal datang ka teu dipakeanan ku Mantenna.”​—Lukas 12:27, 28.

Lantaran Gusti bisa nyadiakeun dahareun jeung pakéan keur urang, jadi Gusti gé pasti bisa nyadiakeun pangabutuh urang nu séjénna. Mun urang ngajalankeun paréntah Gusti, urang bakal diberkahan. Misalna, naon nu dipelak ku urang bisa hasil. Atawa, Gusti bakal mantuan urang néangan pagawéan supaya urang boga duit pikeun meuli pangabutuh urang.​—Mateus 6:32, 33.

Urang jadi nyaah ka Gusti mun mikirkeun naon waé nu geus dipasihkeun ku Gusti keur urang. Gusti masihan panonpoé jeung hujan. Gusti gé ngurus manuk jeung kekembangan. Dina bagian saterusna, urang bakal ningali kumaha carana Gusti komunikasi jeung manusa.