Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Daék teu anjeun nulungan batur nu umur, bangsa, sarta agamana béda ti anjeun?

Berkah-Berkah keur Jalma nu Resep Tutulung

Berkah-Berkah keur Jalma nu Resep Tutulung

Di dunya ieu, loba jalma nu kakurangan dahareun jeung teu boga panyicingan. Aya ogé nu pegat pangharepan. Gusti hayang urang mantuan maranéhna. Mun urang ngalakukeunana, Gusti bakal ngaberkahan urang.

CEUK KITAB SUCI

”Barang bere ka nu miskin ibarat nginjeumkeun ka PANGERAN. Mantenna nu baris ngabalesna.”​—SILOKA 19:17.

NAON HARTINA NULUNGAN BATUR NU KEUR SUSAH?

Nabi Isa nyaritakeun kisah ngeunaan saurang lalaki nu diserang jeung dirampog, terus diculkeun sina maot. (Lukas 10:29-37) Tuluy aya jalma nu teu dikenal, eureun jeung ngubaran manéhna. Éta jalma daékeun nulungan, sanajan suku bangsana béda ti lalaki tadi.

Jalma nu bageur éta teu ngan saukur ngubaran jeung nyadiakeun pangabutuh lalaki tadi. Jalma éta gé nguatkeun manéhna.

Urang diajar naon tina kisah ieu? Nabi Isa hayang urang sabisa-bisa nulungan batur nu keur susah. (Siloka 14:31) Kitab Suci ngajelaskeun yén moal lila deui, Gusti bakal nyingkirkeun kalaparan jeung kasangsaraan. Meureun urang mikir, iraha jeung kumaha carana? Bagian saterusna bakal ngabahas berkah-berkah nu geus disadiakeun ku Nu Nyipta keur anjeun.