Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bagian kitab Yesaya dina Gulungan Laut Paéh, di handapeunana aya tarjamahan kitab Yesaya dina basa Arab modéren. Amanat Gusti nu aya dina Kitab Suci teu dirobah

Na Eusi Kitab Suci téh Geus Dirobah?

Na Eusi Kitab Suci téh Geus Dirobah?

Aya nu mikir amanat ti Gusti dina Kitab Suci téh geus dirobah. Tapi, Nabi Yésaya nyebutkeun yén amanat ti Gusti téh ”umurna langgeng”. (Yesaya 40:8) Ku naon urang bisa yakin yén amanat jeung jangji Gusti nu aya dina Kitab Suci téh teu dirobah?

Gusti boga kawasa keur ngajaga amanat-Na supaya langgeng jeung teu dirobah. Baheula, para nabi nulis amanat ti Gusti dina bahan-bahan nu gampang ruksak. Supaya amanat Gusti bisa tetep aya, sababaraha jalma nyalin amanat-Na sacara taliti. Malah, hurup-hurupna nepi ka diitung hiji-hiji, bisi aya nu leungit, ditambahkeun, atawa dirobah. Tapi angger wé sok aya nu salah, da nu nyalinna gé manusa nu teu sampurna.

NAON BUKTINA EUSI KITAB SUCI TÉH AMANAT GUSTI NU SAENYANA?

Aya rébuan salinan tina naskah Kitab Suci nu heubeul. Jadi mun aya hiji waé nu rada béda, salinan éta bisa dibandingkeun jeung nu séjénna. Ku kituna, bisa kanyahoan mana nu bener mana nu salah. Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Naha Eusi Alkitab téh Geus Dirobah?” dina jw.org/su.

Misalna, pikirkeun ngeunaan naskah-naskah kuno nu disebut Gulungan Laut Paéh. Naskah-naskah ieu kapanggih di guha-guha deukeut Laut Paéh dina taun 1947. Naskah-naskah ieu téh bagian tina Kitab Suci nu ditulis leuwih ti dua rébu taun katukang. Para ahli ngabandingkeun naskah-naskah ieu jeung Kitab Suci dina jaman ayeuna. Kumaha hasilna?

Ceuk para ahli, eusi Kitab Suci dina jaman ayeuna téh sarua jiga naskah-naskah aslina. a Jadi urang bisa yakin, nepi ka ayeuna Gusti terus ngajaga amanat-Na nu ditulis dina Kitab Suci supaya teu dirobah.

Jadi waktu maca Kitab Suci, urang teu kudu hariwang eusina geus dirobah. Urang bisa yakin yén eusina téh amanat Gusti nu saenyana. Ayeuna, hayu urang diajar ngeunaan Gusti ti para nabi.

a Buku The Complete Dead Sea Scrolls in English, nu ditulis ku Geza Vermes, kaca 16.