Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Aya Kitu Pamaréntahan nu Bébas tina Korupsi?

Aya Kitu Pamaréntahan nu Bébas tina Korupsi?

 Masalah korupsi téh aya di mana-mana. a Misalna salila pandémi COVID-19, dana anu sakuduna dipaké pikeun ngabantu rahayat salila pandémi kalah ka dikorupsi ku pajabat pamaréntah. Balukarna, jalma-jalma jadi teu bisa meunangkeun parawatan kaséhatan anu dibutuhkeun. Hanjakalna, loba jalma jadi sangsara jeung maot.

 Korupsi anu dilakukeun ku pamaréntah téh geus ngarugikeun loba jalma. Mantan perdana mentri Inggris, David Cameron, ngomong, ”Korupsi téh jiga jaring laba-laba anu ngabeulit. Euweuh pamaréntahan anu bisa bébas tina korupsi.”

 Tapi, urang bisa yakin yén sakeudeung deui moal aya pamaréntahan anu korupsi. Hayu urang perhatikeun alesanana tina Alkitab.

Ku naon urang yakin Gusti bakal ngaréngsékeun masalah korupsi?

 Alkitab nyebutkeun, ”Kami [”Yéhuwa”, NW] suka kaadilan, cua kana panggencet jeung kajahatan.” b (Yesaya 61:8) Gusti téh apal waktu aya jalma-jalma anu sangsara ku lantaran korupsi. (Siloka 14:31) Anjeunna jangji, ”Kami rek datang, karunya ka nu dikaniaya.”​—Jabur 12:6

 Naon nu bakal dilakukeun ku Allah? Anjeunna bakal ngaganti sakabéh pamaréntahan manusa ku pamaréntahan Anjeunna di sorga, nu disebut ”Pamaréntahan Allah”. (Markus 1:14, 15; Matius 6:10) Ceuk Alkitab, ”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu . . . bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan [séjénna], . . . lajeng ngadeg salalanggengna.” (Daniel 2:44) Sakabéh masalah korupsi téh bakal disingkirkeun ku Allah.

Pamaréntahan anu bébas tina korupsi

 Ku naon urang bisa yakin yén Pamaréntahan Allah moal korupsi? Perhatikeun sababaraha alesanana.

  1.  1. Sumber kakawasaan. Kakawasaan Pamaréntahan Allah téh asalna ti Allah Nu Mahakawasa.​—Wahyu 11:15.

     Ku naon hal ieu penting: Pamaréntahan manusa mah biasana butuh duit ti rahayatna. Jadi, para pajabatna bisa waé kagoda pikeun maok, narima suap, jeung sajabana. Tapi, ari Pamaréntahan Allah mah teu butuh duit. Allah Nu Mahakawasa sanggup nyumponan sagala pangabutuh rahayat-Na. Jadi, moal aya anu bakal korupsi.​—Jabur 145:16.

  2.  2. Raja. Allah geus milih Nabi Isa pikeun jadi Raja di Pamaréntahan Allah.​—Daniel 7:13, 14.

     Ku naon hal ieu penting: Pamingpin manusa anu panghadéna gé masih bisa kapangaruhan pikeun ngalakukeun hal-hal anu goréng. (Pandita 7:20) Tapi, Nabi Isa mah geus kabukti moal narima suap. (Matius 4:8-11) Anjeunna téh bener-bener nyaah ka rahayatna jeung hayang rahayatna makmur.​—Jabur 72:12-14.

  3.  3. Hukum. Hukum ti Pamaréntahan Allah téh sampurna. Jalma-jalma anu taat kana hukum ieu bakal ngarasa bagja.​—Jabur 19:8, 9.

     Ku naon hal ieu penting: Hukum ti manusa mah biasana pabaliut, ngabeungbeurat rahayat, sarta tara bener-bener dijalankeun. Balukarna, jalma-jalma jadi gampang kagoda pikeun korupsi. Ieu téh béda pisan jeung hukum ti Allah. Hukum ti Allah mah teu hésé pikeun dijalankeun sarta aya loba mangpaatna. (Yesaya 48:17, 18) Allah paham kana eusi haté manusa jeung dasar hukum-Na téh kanyaah. (Yermia 17:10) Lamun kabéh jalma taat ngajalankeun hukum ieu, kabéh jalma bakal silih pikanyaah. Jadi, moal aya deui jalma anu hayang korupsi.​—Matius 22:37, 39.

 Mangga tingali jangji tina Alkitab anu ngabahas ngeunaan pamaréntahan nu bébas tina korupsi.

  •   Mangga baca tilu alesan séjénna ku naon urang bisa yakin yén Pamaréntahan Allah moal bakal korupsi dina artikel ”Kerajaan Allah—Pemerintahan Tanpa Korupsi”.

  •   Tongton vidéo Naon Pamaréntahan Gusti téh? Vidéo ieu ngajelaskeun ngeunaan Pamaréntahan Allah sarta hal-hal anu bakal dilakukeun ku pamaréntahan ieu.

  •   Mangga cobian kursus Alkitab gratis. Dina kursus ieu, Anjeun bakal diajar carana meunangkeun mangpaat tina jangji-jangji nu aya dina Alkitab.

a Korupsi nyaéta ngagunakeun kakawasaan ku cara nu salah demi kauntungan pribadi.

b Yéhuwa téh nami Allah. (Jabur 83:18, NW) Tingali artikel ”Saha Yéhuwa téh?