Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Panggung jeung spanduk di luhureunana

1922—Saratus Taun ka Tukang

1922—Saratus Taun ka Tukang

’ALLAH . . . méré . . . kaunggulan ku jalan . . . Isa Al-Masih.’ (1 Kor. 15:57) Ayat ieu dipilih jadi ayat taunan 1922. Ayat ieu ngayakinkeun Siswa-Siswa Alkitab yén Yéhuwa bakal ngaberkahan kasatiaan maranéhna. Bener wéh, dina taun éta Yéhuwa ngaberkahan para pawarta anu sarumanget ieu. Harita, Siswa-Siswa Alkitab mulai nyitak jeung ngajilid buku sorangan. Maranéhna gé mulai nguarkeun bebeneran ngeunaan Pamaréntahan Allah dina radio. Terus dina ahir taun 1922, beuki katingali jelas yén Yéhuwa ngaberkahan umat-Na. Siswa-Siswa Alkitab bisa ngumpul di Cedar Point, Ohio, AS pikeun ngayakeun acara kongrés anu istiméwa. Kongrés éta téh mangaruhan kagiatan organisasi Yéhuwa nepi ka ayeuna.

”IDE NU LUAR BIASA”

Lantaran loba nu milu ngawawar, sadérék-sadérék téh butuh leuwih loba buku jeung majalah. Mémang, sadérék-sadérék di Bétel Brooklyn geus nyitak majalah, tapi pikeun nyitak buku nu sampulna kandel mah organisasi masih kénéh ngandelkeun percitakan séjén. Terus salila mangbulan-bulan, percitakan éta teu bisa nyitak jumlah buku nu dibutuhkeun. Éta ngaganggu kagiatan pangwawaran urang. Jadi, ahirna Sadérék Rutherford ménta ka Sadérék Robert Martin nu digawé di bagian percitakan supaya urang bisa nyitak buku sorangan.

Pabrik di Concord Street, Brooklyn, New York

Ceuk Sadérék Martin, ”Ieu téh ide nu luar biasa. Ieu hartina, urang kudu boga pabrik percitakan supaya bisa nyitak buku sorangan.” Jadi, sadérék-sadérék nyéwa tempat di 18 Concord Street di Brooklyn jeung meuli alat-alat nu dibutuhkeun.

Tapi, teu kabéh jalma resep kana hal ieu. Diréktur di percitakan tempat biasa urang nyitak buku datang ka pabrik nu anyar. Ceuk manéhna, ”Ieu téh alat-alat nu paling canggih, tapi maranéh mah moal bisa makéna. Mun kieu carana mah, genep bulan gé pasti geus jadi rongsokan.”

Sadérék Martin nyarita, ”Nya, sigana éta asup akal. Tapi urang yakin, Yéhuwa pasti mantuan urang. Salila ieu, Anjeunna terus mantuan urang.” Sadérék Martin téh bener. Teu lila sanggeus éta, mesin jilid nu anyar téh bisa ngahasilkeun 2.000 buku sapoé.

Sadérék-sadérék nu digawé maké mesin linotype di pabrik percitakan

NGAWAWAR KA RÉBUAN JALMA MAKÉ RADIO

Salian ti nyitak buku sorangan, umat Yéhuwa gé mulai maké radio pikeun ngawawarkeun warta hadé. Beurang-beurang dina poé Minggu tanggal 26 Pébruari 1922, Sadérék Rutherford nepikeun hutbah anu mimiti dina radio. Judul hutbahna téh ”Millions Now Living Will Never Die” (”Jutaan Jalma nu Hirup Ayeuna Moal Bakal Maot”) dina stasion radio KOG di Los Angeles, California, AS.

Aya kira-kira 25.000 jalma nu ngadéngékeun acara ieu. Sababaraha di antarana ngirim surat pikeun muji acarana. Salah sahijina téh Sadérék Willard Ashford nu cicing di Santa Ana, California. Ceuk manéhna, hutbahna Sadérék Rutherford téh ”pikaresepeun jeung ngahibur”. Manéhna gé nyarita, ”Di tempat abdi téh keur aya tilu jalma nu gering, jadi urang teu bisa datang ka ditu. Saupama tempatna deukeut gé, angger wéh teu bisa. Tapi untung aya radio, jadi urang bisa ngadéngékeun hutbahna.”

Dina minggu-minggu sanggeusna, hutbah-hutbah urang disiarkeun ogé dina radio. Dina ahir taun 1922, majalah The Watch Tower ngitung ”sahenteuna aya 300.000 jalma anu [geus] ngadéngékeun acara éta [dina radio]”.

Ngadéngé koméntar-koméntar nu alus jiga kitu, Siswa-Siswa Alkitab mutuskeun pikeun nyieun stasion radio di Staten Island, nyaéta stasion radio WBBR. Tempatna téh deukeut ti Bétel Brooklyn. Mangtaun-taun sanggeusna, Siswa-Siswa Alkitab terus ngagunakeun stasion radio ieu pikeun nguarkeun warta ngeunaan Pamaréntahan Allah ka saloba-lobana jalma di loba tempat.

”ADV”

Majalah The Watch Tower 15 Juni 1922 ngumumkeun bakal aya kongrés di Cedar Point, Ohio, ti tanggal 5 nepi ka 13 Séptémber 1922. Siswa-Siswa Alkitab sumanget pisan basa maranéhna nepi di Cedar Point.

Dina hutbah bubuka, Sadérék Rutherford ngomong kieu, ”Abdi yakin pisan, Juragan bakal . . . ngaberkahan kongrés ieu. Jeung, bakal aya kagiatan pangwawaran nu leuwih gedé di bumi tibatan nu enggeus-enggeus.” Sadérék-sadérék nu hutbah dina kongrés éta gé terus ngajurung hadirin pikeun ngawawar.

Hadirin dina kongrés di Cedar Point, Ohio, taun 1922

Terus dina poé Jumaah, tanggal 8 Séptémber, aya kurang leuwih 8.000 jalma daratang ka auditorium. Maranéhna geus teu sabar rék ngadéngékeun hutbah ti Sadérék Rutherford. Maranéhna hayang nyaho naon harti tulisan ”ADV” anu aya dina ondangan maranéhna. Di luhureun panggung téh aya gulungan gedé. Arthur Claus nu asalna ti Tulsa, Oklahoma, AS, meunang tempat diuk di deukeut panggung, jadi manéhna bisa ngadéngékeun hutbah leuwih jelas. Ieu téh hal anu istiméwa lantaran di gedong éta mah teu aya mikrofon atawa speaker.

”Urang merhatikeun enya-enya hutbahna”

Supaya hutbahna teu kaganggu, pupuhu acarana ngumumkeun yén euweuh nu meunang asup ka auditorium mun Sadérék Rutherford geus hutbah. Pas jam 09.30 isuk, Sadérék Rutherford ngamimitian hutbahna ku ngutip kekecapan Isa dina Matius 4:17, ”Pamaréntahan sorga geus deukeut.” Waktu ngabahas kumaha carana supaya jalma-jalma bisa ngadéngé warta ngeunaan Pamaréntahan Allah, manéhna ngomong, ”Isa geus ngumumkeun yén dina kadatanganana, manéhna bakal ngayakeun panén raya. Dina mangsa éta, manéhna bakal ngumpulkeun murid-muridna nu sajati tur satia.”

Sadérék Claus nu tadi diuk di deukeut panggung nyarita, ”Urang merhatikeun enya-enya hutbahna.” Tapi, ujug-ujug manéhna harééng jeung kudu kaluar ti auditorium. Sabenerna manéhna embung kaluar, sabab nyaho mun geus kaluar, teu bisa asup deui.

Sanggeus sababaraha menit, Sadérék Claus ngarasa leuwih ngeunaheun. Di tengah jalan waktu rék balik ka auditorium, manéhna ngadéngé jalma-jalma kaleprok meni tarik. Manéhna jadi sumanget pisan! Ceuk pamikirna, sanajan kudu manjat témbok gé bakal dijabanan, nu penting mah bisa ngadéngékeun hutbah Sadérék Rutherford. Jadi, Sadérék Claus nu harita umurna masih kénéh 23 taun, ahirna manjat témbok gedong éta. Di luhur, aya jandéla-jandéla anu kabuka. Ti ditu, hutbahna téh kadéngé meni jelas pisan!

Tapi, di luhur téh Arthur teu sorangan, aya babaturan séjénna. Salah sahijina téh Frank Johnson. Manéhna nyampeurkeun Arthur, tuluy nanya, ”Manéh mawa péso lipet teu?”

”Enya mawa,” ceuk Arthur.

Ceuk Frank, ”Manéh téh jawaban tina doa urang! Tah, gulungan ieu téh spanduk, nu ditalian kana paku-paku éta. Engké déngékeun Bapa Hakim. * Mun manéhna geus ngomong, ’uarkeun, uarkeun’, potong talina.”

Jadi, Arthur jeung nu séjénna ngadagoan bari nyekel péso. Teu lila, hutbah Sadérék Rutherford geus nepi ka bagian nu pangpentingna. Bari sumanget jeung ku sora nu tarik, Sadérék Rutherford ngomong kieu, ”Kudu jadi saksina Juragan nu satia jeung sajati. Terus bajoang nepi ka kabéh agama palsu disingkirkeun. Uarkeun warta ieu ka mana-mana. Kabéh jalma kudu nyaho Yéhuwa téh Allah, jeung Isa Al-Masih téh Raja ti sagala raja jeung Gustina sagala gusti. Jaman urang ayeuna téh jaman nu pangpentingna sapanjang sajarah. Tingali, Raja geus maréntah! Sadérék-sadérék kudu méré nyaho kabéh jalma ngeunaan hal ieu. Jadi, uarkeun, uarkeun, uarkeun Raja jeung Pamaréntahana-Na!”

Arthur nyarita, waktu talina dipotong, bray spandukna ngagebray! Sajalan jeung tulisan ”ADV”, dina spandukna aya kekecapan, ”Uarkeun Raja jeung Pamaréntahana-Na.” *

”PAGAWÉAN NU PENTING”

Kongrés di Cedar Point téh geus ngabantu sadérék-sadérék pikeun terus sumanget dina nguarkeun Pamaréntahan Allah. Maranéhna gé réla jeung bungah dina ngalakukeunana. Salah saurang kolportir (ayeuna disebut panaratas) ti Oklahoma, AS, ngomong kieu, ”Di daérah tempat abdi ditugaskeun, loba jalma digawé di tambang batu bara. Maranéhna téh miskin pisan.” Waktu jalma-jalma maca majalah Golden Age, ”maranéhna téh ceurik tingsalegruk”. Terus ceuk sadérék éta, ”Abdi bungah pisan lantaran bisa ngalilipur maranéhna.”

Siswa-Siswa Alkitab ngarasakeun sakumaha pentingna kekecapan Isa dina Lukas 10:2, ”Panéneun téh loba, tapi nu ngalana ngan saeutik.” Dina ahir taun 1922, maranéhna beuki sumanget nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka saloba-lobana jalma.

^ Sadérék Rutherford téh sok dipanggil ”Hakim”, sabab kadang manéhna téh jadi hakim di daérah Missouri, AS.

^ ”ADV” téh singgetan tina kecap ”advertise” dina basa Inggris nu hartina ”uarkeun”.