Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ku Naon Urang Teu Perang Siga Bangsa Israél di Jaman Baheula?

Ku Naon Urang Teu Perang Siga Bangsa Israél di Jaman Baheula?

SAURANG tentara Nazi ngagorowok ka para Saksi Yéhuwa dina Perang Dunya II, ”Lamun di antara maranéh aya saurang waé anu embung perang ngalawan Prancis atawa Inggris, kabéhanana bakal dipaéhan!” Sanajan dikurilingan ku tentara Nazi, sadérék-sadérék urang tetep pengkuh. Maranéhna gedé kawani! Conto ieu nunjukkeun kumaha pandangan Saksi Yéhuwa kana pangperangan. Urang embung miluan perang di dunya ieu. Urang gé teu mihak ka salah sahiji bangsa nu keur perang, sanajan nyawa urang kaancam.

Tapi, teu kabéh jalma nu ngaku Kristen boga pandangan jiga kitu. Loba nu mikir, urang Kristen téh bisa jeung kudu ngabéla nagarana. Meureun maranéhna mikir, ’Urang Israél dina jaman baheula téh umat Allah. Maranéhna gé miluan perang, ku naon atuh ayeuna urang Kristen henteu?’ Sadérék bakal ngajawab naon? Sadérék perlu ngajelaskeun yén kaayaan urang Israél dina jaman baheula téh béda jeung kaayaan umat Allah dina jaman ayeuna. Hayu urang perhatikeun lima hal ieu.

1. KABÉH UMAT ALLAH DIANGGAP SABANGSA

Baheula, aya hiji bangsa nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi umat-Na, nyaéta bangsa Israél. Yéhuwa nyebut maranéhna téh ”umat Kami pribadi”. (Bud. 19:5, KITAB SUCI © LAI 1991) Jadi, waktu Allah méré paréntah ka bangsa Israél pikeun merangan bangsa séjén, maranéhna henteu perang atawa maéhan sasama umat Allah. *

Ayeuna, umat Allah téh asalna ”ti sagala bangsa, suku bangsa, kaom, jeung basa”. (Why. 7:9) Jadi lamun maranéhna miluan perang, maranéhna bisa waé maéhan dulur saimanna.

2. YÉHUWA MARÉNTAHKEUN BANGSA ISRAÉL PIKEUN PERANG

Baheula, Yéhuwa nu mutuskeun iraha jeung ku naon bangsa Israél kudu perang. Misalna, Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israél pikeun merangan bangsa Kanaan anu sok ibadah ka allah-allah palsu, ngalampahkeun hal-hal cabul nu pikarujiteun, sarta ngorbankeun barudakna. Yéhuwa hayang maranéhna nyingkirkeun hal-hal goréng ti Tanah Perjangjian. (Ima. 18:24, 25) Terus waktu bangsa Israél geus cicing di Tanah Perjangjian gé, sababaraha kali Allah maréntahkeun bangsa Israél pikeun merangan musuh-musuhna. (2 Sam. 5:17-25) Tapi, Yéhuwa teu pernah ngidinan bangsa Israél pikeun perang sakahayangna sorangan. Unggal maranéhna ngalakukeun éta, hasilna pasti goréng.​—Bil. 14:41-45; 2 Bab. 35:20-24.

Ayeuna, Yéhuwa geus teu maréntahkeun jalma-jalma pikeun perang. Nagri-nagri téh perang demi kapentinganana sorangan, misalna demi daérah atawa demi kauntungan ékonomi jeung pulitik, lainna demi kapentingan Allah. Tapi, kumaha jeung jalma-jalma nu ngakuna perang demi ngabéla agama atawa demi ngabinasakeun musuh Allah? Yéhuwa nu bakal ngalindungan umat-Na nu sajati jeung ngabinasakeun musuh-musuh-Na dina perang di mangsa ka hareup, nyaéta dina perang Armagédon. (Why. 16:14, 16) Dina perang éta, nu bakal jadi pasukan perang Allah téh nyaéta para malaikat, lainna manusa.​—Why. 19:11-15.

3. PASUKAN ISRAÉL TEU MAÉHAN JALMA-JALMA NU BOGA IMAN KA YÉHUWA

Dina perang jaman ayeuna, naha jalma-jalma nu boga iman diluputkeun jiga Rahab jeung kulawargana pas Yérikho diserang?

Baheula, bangsa Israél teu maéhan jalma-jalma nu boga iman ka Yéhuwa. Nu dipaéhan téh ngan jalma-jalma nu ceuk Yéhuwa kudu dipaéhan. Aya dua contona. Misalna, baheula Yéhuwa maréntahkeun bangsa Israél pikeun ngancurkeun kota Yérikho. Tapi, Rahab jeung kulawargana mah teu dipaéhan lantaran Rahab boga iman ka Allah. (Yos. 2:9-16; 6:16, 17) Terus, bangsa Gibéon gé teu dipaéhan lantaran maranéhna boga iman ka Allah.​—Yos. 9:3-9, 17-19.

Ayeuna, nagri-nagri anu perang teu asa-asa maéhan jalma, teu sual jalma éta boga iman ka Allah atawa henteu. Malahan, jalma-jalma nu lain tentara gé dipaéhan.

4. PASUKAN ISRAÉL KUDU NUTURKEUN ATURAN PERANG TI ALLAH

Baheula, Yéhuwa maréntahkeun pasukan Israél pikeun nuturkeun aturan perang ti Anjeunna. Misalna, kadang musuh disina milih heula ”rek nyerah atawa ngalawan”. (Pam. 20:10, KITAB SUCI © LAI 1991) Yéhuwa gé maréntahkeun pasukan Israél pikeun ngajaga kabersihan awak jeung kémah. Salian ti éta, maranéhna gé kudu nuturkeun patokan moral ti Allah. (Pam. 23:9-14) Pasukan tentara ti bangsa séjén mah osok merkosa awéwé di daérah nu dijajah. Tapi, ari bangsa Israél mah teu meunang kitu. Malahan, mun rék kawin jeung awéwé nu ditawan, manéhna kudu ngadagoan heula sahenteuna sabulan sanggeus kota éta dijajah.​—Pam. 21:10-13.

Ayeuna, kalolobaan nagri sapakat pikeun taat kana aturan perang nu geus disatujuan sacara internasional. Aturan éta téh dijieun keur ngalindungan rahayat sipil. Tapi hanjakalna, aturan éta sering dilanggar.

5. ALLAH PERANG DEMI BANGSA MILIKNA

Baheula Allah ngabantu bangsa Israél ngancurkeun Yérikho. Naha enya ayeuna gé Allah perang demi hiji bangsa?

Baheula, Yéhuwa perang demi bangsa Israél. Anjeunna nyieun loba mujijat supaya bangsa Israél bisa unggul dina pangperangan. Misalna, perhatikeun cara Yéhuwa mantuan bangsa Israél waktu ngancurkeun kota Yérikho. Yéhuwa nitah bangsa Israél ”ngagorowok tarik pisan. Bruk témbok kota téh rugrug, rata jeung taneuh”. (Yos. 6:20) Bangsa Israél jadi leuwih gampang pikeun nyerang kota Yérikho. Perhatikeun ogé waktu Yéhuwa mantuan bangsa Israél nyerang urang Amori. Harita ”Yéhuwa nurunkeun hujan batu nu baradag . . . Nu paéh ku lantaran hujan batu éta leuwih loba tibatan nu paéh ku lantaran pedang prajurit Israél”.​—Yos. 10:6-11.

Ayeuna, Yéhuwa geus teu perang demi bangsa naon waé di bumi. Pamaréntahana-Na nu dipingpin ku Isa téh ”lain bagian ti dunya ieu”. (Yah. 18:36) Tapi sabalikna, kabéh pamaréntahan manusa mah dikawasaan ku Sétan. Ku kituna, perang-perang nu aya di dunya ieu nyirikeun sipat Sétan nu jahat.​—Luk. 4:5, 6; 1 Yoh. 5:19.

URANG KRISTEN NU SAJATI RESEP RUKUN JEUNG SASAMA

Jiga nu geus dibahas, kaayaan urang béda pisan jeung bangsa Israél dina jaman baheula. Tapi, lain éta hungkul alesan urang teu miluan perang. Aya ogé alesan séjénna. Misalna, Allah geus nganubuatkeun yén dina ahir jaman, jalma-jalma nu diajar ku Anjeunna moal diajar perang deui, komo deui miluan perang. (Yes. 2:2-4) Salian ti éta, murid-muridna Isa téh ”lain bagian ti dunya”. (Yah. 15:19) Ku kituna, maranéhna moal mihak ka salah sahiji bangsa nu keur perang.

Tapi, teu ngan éta hungkul nu diajarkeun ku Isa ka murid-muridna. Manéhna ngajar murid-muridna pikeun nyingkahan sipat sirikan jeung gedé ambek. Manéhna gé ngalarang murid-muridna miluan perang. (Mat. 5:21, 22) Salian ti éta, Isa maréntahkeun supaya murid-muridna ”ngupayakeun karukunan” jeung mikanyaah musuh-musuhna.​—Mat. 5:9, 44.

Kumaha jeung urang ayeuna? Mémang urang teu miluan perang, tapi bisa jadi urang keuheul ka dulur saiman nepi ka nganggap manéhna téh musuh. Jadi, urang kudu miceun parasaan-parasaan jiga kitu.​—Yak. 4:1, 11.

Urang embung pipilueun kana perang nu aya di dunya ieu. Sabalikna, urang hayang ngupayakeun karukunan jeung silih pikanyaah. (Yah. 13:34, 35) Mugia urang kabéh boga tékad pikeun teu pipilueun dina urusan pulitik dunya ieu. Urang gé bakal terus ngadago-dago poéna Yéhuwa nyingkirkeun kabéh perang keur salilana.​—Jab. 46:10.

^ Kaom-kaom di Israél téh sok silih perangan. Yéhuwa teu resep kana hal éta. (1 Rja. 12:24) Tapi, kadang Yéhuwa ngidinan maranéhna silih perangan lantaran aya kaom nu geus teu satia deui ka Anjeunna atawa ngalakukeun dosa nu sérius.​—Hak. 20:3-35; 2 Bab. 13:3-18; 25:14-22; 28:1-8.