Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngajénan Agama Séjén?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngajénan Agama Séjén?

 Urang ngalarapkeun naséhat Alkitab pikeun ”ngajenan ka unggal jelema”, teu sual naon kapercayaanana. (1 Petrus 2:17) Misalna di sababaraha nagri, jumlah Saksi Yéhuwa-na ratusan rébu. Sanajan kitu, urang teu pernah ngadesek pulitikus atawa pajabat nu nyieun hukum pikeun ngawatesan atawa ngalarang kagiatan agama séjén. Urang gé tara ngupayakeun sangkan kayakinan moral jeung agama urang disahkeun ku pamaréntah sarta dijalankeun ku masarakat umum. Sabalikna, urang ngajénan batur sakumaha urang ogé hayang diajénan.—Mateus 7:12.