Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naha Abdi téh Jalma nu Tanggung Jawab?

Naha Abdi téh Jalma nu Tanggung Jawab?

 Pariksa diri anjeun!

  •  Abdi téh teu pernah, sakapeung, seringna, atawa terus . . 

    •  jujur

    •  bisa diandelkeun

    •  telat

    •  getol

    •  taat kana aturan

    •  mantuan batur

    •  adil

    •  ngahargaan batur

    •  perhatian

  •   Sipat-sipat mana nu paling katémbong dina diri anjeun?

     Pertahankeun sipat-sipat hadé éta.—Pilipi 3:16.

  •   Sipat mana nu kudu diupayakeun pisan ku anjeun?

 Artikel ieu bakal ngabantu anjeun ningkatkeunana.

 Siga kumaha jalma nu tanggung jawab téh?

 Jalma nu tanggung jawab téh ngajalankeun kawajibanana di imah, sakola, jeung di lingkunganana. Manéhna ngarti yén manéhna kudu tanggung jawab kana sagala tindakanana. Jadi mun nyieun kasalahan, manéhna bakal ngaku, ménta maap, jeung barobah.

 Ceuk Alkitab, ”Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.”—Galata 6:5.

 Ku naon abdi kudu jadi jalma nu tanggung jawab?

  Jalma nu tanggung jawab ngagunakeun kamampuhna sacara bijaksana. Manéhna gé bakal dihargaan, dianggap déwasa, jeung meunang loba kabébasan sarta mangpaat.

 Ceuk Alkitab, ”Kungsi maneh manggih jelema anu hade gawena? Jalma kitu . . . layak aya dina lingkungan raja-raja.”—Siloka 22:29.

  Jalma nu tanggung jawab biasana béréhan, ku kituna manéhna bakal boga sosobatan nu nyenangkeun.

 Ceuk Alkitab, ”Kudu daek barang bere, supaya aya nu mere.”—Lukas 6:38, Sunda Formal.

  Jalma nu tanggung jawab ngarasa puas sanggeus ngaréngsékeun tugasna, ku kituna manéhna bakal leuwih percaya diri.

 Ceuk Alkitab, ”Pariksa kalakuan sorangan, lamun bener, atohna rarasakeun bae.”—Galata 6:4.

 Kumaha abdi bisa jadi leuwih tanggung jawab?

 Pikeun ngajawab pananya éta, perhatikeun komentar-komentar di handap ieu. Mana nu dirasakeun ogé ku anjeun?

 ”Teu tahan abdi mah, mani dianggap siga budak leutik pisan, saeutik-saeutik kudu ngalapor ka Mamah jeung Bapa!”​—Kerri.

 ”Kolot urang mah teu masalah da mun urang iinditan jeung batur.”​—Richard.

 ”Ari batur nu sapantaran mah meunang kieu meunang kitu. Abdi mikir, ’Ngeunah pisan, ari abdi mah boro-boro meunang ku kolot!’”​—Anne.

 ”Kolot abdi sok ngidinan mun abdi rék ngalakukeun naon gé. Abdi nganuhunkeun ka maranéhna lantaran geus dibéré kabébasan.”—Marina.

 Palajaran penting: Sababaraha budak ngora bisa meunang leuwih loba kabébasan ti batan nu séjén? Naon sababna?

 Faktana: Beuki anjeun dipercaya, beuki loba kabébasan nu bakal ditarima ku anjeun.

 Misalna, perhatikeun dua budak ngora nu geus disebutkeun tadi.

 Richard: ”Baheula, kolot téh cangcaya mun urang dibéré kabébasan, bisi disalahgunakeun. Tapi urang ngagunakeunana ku cara nu tanggung jawab. Jadi ayeuna, kolot geus percaya ka urang. Urang teu ngabohong rék indit ka mana atawa jeung saha. Malah saacan ditanya, urang biasana sok nyaritakeun heula rencana urang.”

 Marina: ”Saumur hirup, ngan dua kali abdi ngabohong ka kolot. Tapi, duanana kanyahoan. Sanggeus kitu, abdi tara ngabohong deui. Misalna, ayeuna abdi terus terang nyarita keur ngalakukeun naon, sarta nelepon maranéhna mun rék indit. Ayeuna abdi leuwih dipercaya ku maranéhna.”

Mana nu leuwih penting, tugas atawa hiburan?

 Naha anjeun hayang meunang kabébasan siga Richard jeung Marina? Pék pariksa diri anjeun:

DI IMAH

  •   Naha anjeun ngajalankeun tugas di imah?

  •   Naha anjeun geus balik ka imah dina jam nu geus ditangtukeun ku kolot?

  •   Naha anjeun ngahargaan kolot jeung adi-lanceuk anjeun?

 Tina tilu hal éta, naha aya nu kudu diupayakeun ku anjeun?

 Ceuk Alkitab, ”Kudu nurut ka kolot.”—Epesus 6:1.

DI SAKOLA

  •   Naha anjeun tara telat ngagawékeun PR?

  •   Naha anjeun upaya pikeun meunangkeun peunteun nu alus?

  •   Naha anjeun getol diajar?

 Tina tilu hal éta, naha aya nu kudu diupayakeun ku anjeun?

 Ceuk Alkitab, ”Lamun boga kanyaho kana hikmah, matak salamet hirup.” (Pandita 7:12) Lamun anjeun getol diajar, anjeun bakal jadi leuwih bijaksana.

SIPAT ANJEUN

  •   Naha anjeun jujur ka kolot jeung ka batur?

  •   Naha anjeun bisa ngatur duit?

  •   Naha anjeun dikenal sabagé jalma nu bisa diandelkeun?

 Tina tilu hal éta, naha aya nu kudu diupayakeun ku anjeun?

 Ceuk Alkitab, ”Kudu jaradi manusa anyar.” (Epesus 4:24) Anjeun bisa ngarobah sipat jeung ngaran anjeun jadi leuwih hadé.

 Saran: Pikirkeun mana nu kudu dirobah. Tanya jeung pénta naséhat ti jalma nu geus hasil ngalakukeunana. Tuliskeun sacara rinci rencana anjeun pikeun ngupayakeun hal éta, jeung tingali kumaha kamajuan anjeun dina sabulan. Catet kamajuan jeung kagagalan anjeun. Di ahir bulan, perhatikeun geus sakumaha jauh kamajuan anjeun.