Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Na Abdi Kudu Dibaptis?​—Bagian 3: Naon anu Ngahalangan Abdi Pikeun Dibaptis?

Na Abdi Kudu Dibaptis?​—Bagian 3: Naon anu Ngahalangan Abdi Pikeun Dibaptis?

 Anjeun sieun ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis teu? Mun enya, artikel ieu bisa ngabantu anjeun supaya anjeun yakin pikeun dibaptis.

Dina artikel ieu

 Kumaha mun abdi nyieun dosa gedé sanggeus dibaptis?

 Ku naon jalma-jalma sok sieun kana hal ieu? Meureun anjeun kenal ka saurang jalma anu ngalakukeun dosa gedé, terus dikaluarkeun ti sidang. (1 Korintus 5:11-13) Bisa jadi anjeun sieun bisi jiga manéhna ogé.

 ”Mun mikirkeun ngeunaan baptisan, abdi sok sieun. Kumaha mun engké abdi ngalakukeun dosa gedé? Teu kabayang sakumaha érana kolot abdi.”​—Rebekah.

 Ayat konci: ”Anu jarahat geura robah kalakuan . . . Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan.”​—Yesaya 55:7.

 Pék pikirkeun: Jalma nu ngalakukeun dosa jeung embung tobat téh mémang bakal dikaluarkeun ti sidang. Tapi, Yéhuwa bakal ngahampura jalma-jalma anu daék tobat jeung barobah.​—Jabur 103:13, 14; 2 Korintus 7:11.

 Najan teu sampurna, mun dibantuan ku Allah mah, anjeun bakal sanggup nolak gogoda. (1 Korintus 10:13) Pas aya gogoda, anu mutuskeun pikeun nyieun tindakan téh anjeun pan, lain batur?

 ”Abdi sieun ngalakukeun kasalahan gedé sanggeus dibaptis. Tapi abdi sadar, mun abdi nahan-nahan pikeun dibaptis, éta téh salah. Kuduna abdi mikirkeun nu disanghareupan ku abdi ayeuna. Nu engké mah kumaha engké wéh.”​—Karen.

 Palajaran penting: Jiga loba Saksi Yéhuwa séjénna, mun anjeun boga tékad mah, anjeun moal bakal ngalakukeun dosa gedé.​—Filipi 2:12.

 Masih butuh kénéh bantuan? Tingali ”Kumaha Carana Nolak Godaan?

 Kumaha mun abdi ngarasa teu sanggup nanggung tanggung jawab sanggeus dibaptis?

 Ku naon jalma-jalma sok sieun kana hal ieu? Meureun anjeun ningali aya sababaraha budak ngora anu pindah jeung ninggalkeun kulawarga sarta babaturanana, supaya bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Bisa jadi, anjeun gé sieun mun engké batur mikir yén anjeun sakuduna ngalakukeun hal nu sarua.

 ”Lamun geus dibaptis, urang téh bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina palayanan. Tapi, aya sababaraha jalma anu teu siap atawa mémang teu bisa ngalakukeunana.”​—Marie.

 Ayat konci: ”Masing-masing kudu mariksa lampahna sorangan. Ku kituna, manéhna bakal ngarasa bungah lantaran naon anu dilakukeunana, lain lantaran ngabanding-bandingkeun diri jeung batur.”​—Galatia 6:4.

 Pék pikirkeun: Ulah ngabanding-bandingkeun diri anjeun jeung batur. Inget kekecapan dina Markus 12:30, ”Maranéh ogé kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté.”

 Sing inget, anjeun téh ngalayanan Yéhuwa ku sapinuh haté anjeun, lain sapinuh haté batur. Jadi lamun anjeun bener-bener nyaah ka Yéhuwa, anjeun pasti bisa méré anu panghadéna ka Anjeunna.

 ”Baptisan téh hal anu penting pisan. Ieu lain beban. Lamun urang milih babaturan anu bener, maranéhna bakal siap mantuan urang. Urang bakal bagja lamun dibaptis jeung saeutik-saeutik narima tanggung jawab. Tapi lamun urang embung dibaptis, urang bakal rugi.”​—Julia.

 Palajaran penting: Anjeun perlu leuwih ngahargaan kanyaah Yéhuwa ka anjeun. Ku kituna, anjeun bakal kajurung pikeun méré anu panghadéna ka Yéhuwa.​—1 Yahya 4:19.

 Masih butuh kénéh bantuan? Tingali ”Naha Abdi téh Jalma nu Tanggung Jawab?

 Kumaha mun abdi ngarasa teu layak pikeun ngalayanan Yéhuwa?

 Ku naon jalma-jalma sok sieun kana hal ieu? Yéhuwa téh Pangawasa jagat raya. Manusa euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung Anjeunna! Meureun anjeun gé sok ngarasa euweuh hartina keur Yéhuwa.

 ”Abdi sok ngarasa Yéhuwa teu narik abdi. Abdi bisa kenal ka Anjeunna téh pédah kolot abdi Saksi-Saksi Yéhuwa.”​—Natalie.

 Ayat konci: ”Moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu ditarik ku Bapa nu ngutus urang.”​—Yahya 6:44.

 Pék pikirkeun: Mun anjeun kapikiran pikeun dibaptis, éta tandana Yéhuwa narik anjeun sarta hayang jadi Sobat anjeun. Anjeun daék teu jadi sobatna Yéhuwa?

 Sing inget, Yéhuwa anu nangtukeun saha anu bakal ditarik ku Anjeunna. Firman-Na gé ngayakinkeun urang, ”Pék ngaraket ka Allah, Anjeunna gé bakal ngaraket ka aranjeun.”​—Yakobus 4:8.

 ”Yéhuwa nyaah ka anjeun. Buktina, anjeun bisa kenal ka Yéhuwa sarta ditarik ku Anjeunna. Jadi mun anjeun sok mikir anjeun teu layak pikeun ngalayanan Yéhuwa, sing inget, Anjeunna mah teu ngarasa kitu. Yéhuwa teu pernah salah narik jalma.”​—Selina.

 Palajaran penting: Mun anjeun geus minuhan sarat-sarat dina Alkitab pikeun dibaptis, éta hartina anjeun geus layak pikeun ngalayanan Yéhuwa. Mémang geus sakuduna anjeun ngalayanan Yéhuwa.​—Wahyu 4:11.

 Masih butuh kénéh bantuan? Tingali ”Naon Mangpaatna Ngadoa?