Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Naon Mangpaatna Maca Alkitab?​—Bagian 2: Cara Maca Alkitab nu Pikaresepeun

Naon Mangpaatna Maca Alkitab?​—Bagian 2: Cara Maca Alkitab nu Pikaresepeun

 ”Urang asa bosen maca Alkitab, lamun urang teu nyaho cara macana”, ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Will.

 Anjeun hayang nyaho carana maca Alkitab nu pikaresepeun? Carana bakal dibahas dina artikel ieu.

 Bayangkeun kajadianana

 Bayangkeun anjeun téh aya dina kisah éta. Kumaha carana?

  1.   Pilih salah sahiji kisah tina Alkitab. Anjeun bisa ningali carita tina Injil, atawa anjeun gé bisa ngadéngékeun salah sahiji rekaman Alkitab nu Dibaca Siga Drama dina jw.org.

  2.   Baca kisahna. Anjeun bisa maca sorangan atawa bareng jeung babaturan atawa kulawarga. Nu hiji bisa jadi narator jeung nu séjénna jadi tokoh-tokohna.

  3.   Coba salah sahiji cara di handap ieu:

    •   Jieun gambar atawa komik ngeunaan kajadianana. Dina unggal gambar, anjeun gé bisa méré kateranganana.

    •   Jieun diagram. Misalna, anjeun maca aya hiji tokoh Alkitab nu kuat imanna. Anjeun bisa néangan sipat jeung laku lampah alus naon nu dipiboga ku manéhna, sarta berkah-berkah naon nu ditarima ku manéhna.

    •   Anjeun bisa jadi siga wartawan. Jieun caritana jadi siga laporan. Anjeun bisa ”ngawawancara” tokoh-tokohna jeung saksi kajadianana.

    •   Lamun aya hiji tokoh nu salah nyieun putusan, coba bayangkeun kumaha hasilna lamun manéhna nyieun putusan nu bener. Misalna, waktu Pétrus teu ngakukeun Yésus. (Markus 14:66-​72) Pék bayangkeun naon nu bakal kajadian lamun harita Pétrus teu sieun ka jalma réa?

    •   Anjeun bisa nyieun naskah drama sorangan tina kisah Alkitab. Tuluy, pikirkeun mangpaat naon nu anjeun meunangkeun tina kisah-kisah éta.​—Rum 15:4.

      Bayangkeun kajadian-kajadian dina Alkitab!

 Pariksa rincianana!

 Lamun anjeun mariksa rincianana, anjeun bisa meunang palajaran nu alus. Malah, lamun urang merhatikeun hiji atawa dua kecap dina hiji carita, éta téh gedé pangaruhna.

 Contona, bandingkeun Mateus 28:7 jeung Markus 16:7.

  •    Ku naon Markus bisa nyebutkeun Yésus téh bakal manggihan murid-murid jeung ”ka Petrus oge”?

  •  Jawaban: Markus téh teu ningali langsung kajadian ieu. Manéhna meunang katerangan ti Pétrus.

  •  Palajaran alus: Ku naon Pétrus pasti atoheun pisan waktu ngadéngé Yésus téh hayang panggih deui jeung manéhna? (Markus 14:66-​72) Naon buktina Yésus téh sobat sajati keur Pétrus? Jeung, kumaha urang bisa nyonto Yésus supaya bisa jadi sobat nu sajati?

 Lamun urang ngabayangkeun caritana jeung mariksa rincian-rincianana, maca Alkitab téh pasti jadi pikaresepeun!